Aduh meni sedih ngadanguna.Matakna panginten ari diajar agama islam teh gening 
kedah langsung ti junjungan nabi suci s.a.w, ti para sahabat r.a, ti para 
mursyid nu dipercanten ku manah. Sanes ti urang arab oge sanes ti turunan wali 
songo.Komo ti Yahudi mah.

Abu Kasya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                             
Ulah nyakompet daunkeun kang....
  
 beda kasus na, NU muhamadiyah mah ngan organisasi....
  
 Ahmadiyah mah ALIRAN SESAT !!!
  
 Juama'ahan kamari khotib na ngabahas kasesatan AHMADIYAH....geus jelas NYATA 
KASESATAN NA....
 kuring ningali langsung kitab suci ahmadiyah, ternyata Alquran nu suci teh 
loba di robah di ajaran ahmadiyah, ayat na loba nu di tambahan loba nu di 
tambahan tergantung kabutuhan Mirza gulam ahmad.
 Salain eta Mirza gulam ahmad teh ngaku meunang wahyu tina ngimpi, nu di 
kumpulkeun dina kitab tadzkiroh... 
  
 ancur pisan pokokna mah....
  
 syahadat, bunyi na sarua, tapi pengakuan karasulan na lain ka nabi Muhammad, 
tapi ka Ahmad ( mirza gulam ahmad )....
  
 panjang mun dicaritakeun mah...... 
  
 naha nu kieu rek di antep ? 
  
 kuring ge teu panuju ari penyelesaian ku cara anarkis mah....
  
 mangga nu berwenang bereskeun tah...................
 

 
 On 6/2/08, taso1009 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:      Geuning kituh baraya, 
perang teh can keneh aya nu jadi 'pemenang'.

Nu kahiji (Hitzbuttahrir yang disusupi FPI) make isu "menolak kenaikan
BBM"
Nu kadua Aliansi Kebangsaan make isu "memperingati hari lahir Pancasila"
 
Padahal nu kahiji (FPI) geus niat rek ngagebug aliansi nu puguh rek
ngabela Ahmadiyah make agenda kebebasan beragama.
Hoyah... rame...!

Urang tingali we tung-tungna: naha bakal aya masjid NU, Masjid
Muhammadiyah jeung aya masjid Ahmadiyah.
 Siga urang Karesten aya gereja Baptis, Advent, jrrd.

Cing tah....

Tatang S.

--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >
> Tadi sore cenah, di Monas aya kagiatan lahirna Pancasila (1 Juni). Aya 
> kolompok nu ngiluan nu meperjuangkeun kabebasan beragama di
Indonesia. Eh 
> ari pek teh diserebu ku FPI terus digebugan. Aya 12 urang nu dibawa
 ka Rumah 
> Sakit. Cek dina detikcom, salah saurang nu digebugan teh Kiai
Maman*). Kiai 
> Maman tepi ka kapaehan. Oge kabejakeun Mohammad Guntur Romli nu
tulisanana 
> loba nyebar di Internet. Gus Dur oge ampir-ampiran da arek datang,
 untung 
> ditelepon ku istrina.
> 
> Anehna pulisi ngantep, cenah alesanna tinimbang "memperkeruh
suasana". Alah 
> .... kumaha ieu teh Pa Pulisi, nu digebugan ku FPI teh Kiai, nu
sarua boga 
 > massa. Komo lamun tepi ka Gus Dur dirogahala mah bisa-bisa
awut-awutan ieu 
> nagara, sabab masa pendukungna lain saeutik, jutaan. Kumaha lamun
ngamuk?
> 
> Atawa ngahaja kitu supaya soal BBM repeh? Teuing atuh, beuki teu
 ngarti 
> kuring mah ieu nagara rek dibawa kamana ....
> 
> *) Di daerah Jatiwangi Majalengka aya Kiai kasohor, namina Kiai Maman. 
> Ngora keneh, kuring kungsi ngadengekeun khotbahna basa adi kuring
 arek naek 
> Haji. Khotbahna sae matak "tiis ceuli herang mata". Naha Kiai Maman
anu ieu 
> kitu?
> 
> Baktos,
> WALUYA
> [Hayang pindah nagara euy .....]
>


 
 




 
     
                                       

       

Kirim email ke