Geuning kituh baraya, perang teh can keneh aya nu jadi 'pemenang'. Nu kahiji (Hitzbuttahrir yang disusupi FPI) make isu "menolak kenaikan BBM" Nu kadua Aliansi Kebangsaan make isu "memperingati hari lahir Pancasila"
Padahal nu kahiji (FPI) geus niat rek ngagebug aliansi nu puguh rek ngabela Ahmadiyah make agenda kebebasan beragama. Hoyah... rame...! Urang tingali we tung-tungna: naha bakal aya masjid NU, Masjid Muhammadiyah jeung aya masjid Ahmadiyah. Siga urang Karesten aya gereja Baptis, Advent, jrrd. Cing tah.... Tatang S. --- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Tadi sore cenah, di Monas aya kagiatan lahirna Pancasila (1 Juni). Aya > kolompok nu ngiluan nu meperjuangkeun kabebasan beragama di Indonesia. Eh > ari pek teh diserebu ku FPI terus digebugan. Aya 12 urang nu dibawa ka Rumah > Sakit. Cek dina detikcom, salah saurang nu digebugan teh Kiai Maman*). Kiai > Maman tepi ka kapaehan. Oge kabejakeun Mohammad Guntur Romli nu tulisanana > loba nyebar di Internet. Gus Dur oge ampir-ampiran da arek datang, untung > ditelepon ku istrina. > > Anehna pulisi ngantep, cenah alesanna tinimbang "memperkeruh suasana". Alah > .... kumaha ieu teh Pa Pulisi, nu digebugan ku FPI teh Kiai, nu sarua boga > massa. Komo lamun tepi ka Gus Dur dirogahala mah bisa-bisa awut-awutan ieu > nagara, sabab masa pendukungna lain saeutik, jutaan. Kumaha lamun ngamuk? > > Atawa ngahaja kitu supaya soal BBM repeh? Teuing atuh, beuki teu ngarti > kuring mah ieu nagara rek dibawa kamana .... > > *) Di daerah Jatiwangi Majalengka aya Kiai kasohor, namina Kiai Maman. > Ngora keneh, kuring kungsi ngadengekeun khotbahna basa adi kuring arek naek > Haji. Khotbahna sae matak "tiis ceuli herang mata". Naha Kiai Maman anu ieu > kitu? > > Baktos, > WALUYA > [Hayang pindah nagara euy .....] >

