Heu .. heu ..... jadi emut kanu kintunan ti Ambu Richadiana Kartakusuma  yeuh 
....... mangga geura lenyepan: 
mata bonconong molotot
hate lolong ku popolotot
sosorongot bari ngorowot
kokorowot nyawa dulur
ngancur leburkeun ki dulur

naha naon lebak dikotektak
maluruh sagala tapak
geuning bet kawas badak

landeuh dipeupeuh dilebuh
merkosa anu ngageugeuh

gorowok kawas nu heu-euh
merkosa anu ngageugeuh

ngawasa amarah bareuh
merkosa kanu ngageugeuh

Hatur nuhun ah .......
 
ganles nu keur bubuara di lembur batur .........


Dari: DELUN I <[EMAIL PROTECTED]>


Biasa mental kurawa leuweung jeung udik mah...benten sareng mental kasatria, 
parantos ngagandengan jeung ngaganggu batur mah, hare-hare jeung nga hep-hep da 
sieun meureun.
Mana Jihad..teh atuh..?? masih sieun keneh di bui geuning (kamari mah meni 
tarik pisan nyandak nami jihad teh).
Simkuring ningali petinggi FPI dina TV saruana cuci tangan embung di salahkeun, 
da cenah neggeulan jelema teh gara-gara di provokasi pihak lawan jadi embung 
disalahkeun.
Meureun ari nu ngarana pamimpin anu pinter jeung jiwa kasatria mah, kudu 
tanggung jawab kana sagala kalakuan anak buahna salila di lapangan arek kumaha 
bae masalahna.
Lamun teu can siap nahan emosi mah, ulah gontok-gontokan mending bae 
macul jeung urus anak pamajikan da sarua mulia na, daripada ngagebugan batur nu 
teu boga dosa.
 
wasalam
Delun
 
.


      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke