Gan Lesmana wrote: > > Heu .. heu ..... jadi emut kanu kintunan ti Ambu Richadiana > Kartakusuma yeuh ....... mangga geura lenyepan: > > // > > /mata bonconong molotot > hate lolong ku popolotot > sosorongot bari ngorowot > kokorowot nyawa dulur > ngancur leburkeun ki dulur > > naha naon lebak dikotektak > maluruh sagala tapak > geuning bet kawas badak > > landeuh dipeupeuh dilebuh > merkosa anu ngageugeuh > > gorowok kawas nu heu-euh > merkosa anu ngageugeuh > > ngawasa amarah bareuh > merkosa kanu ngageugeuh/ > > > Hatur nuhun ah ...... > > > /_ganles_/ > >
leres den gan, sering hookeun ka urang sunda ayeuna teh. padahal kapungkur mah katelah ku someah, leuleus beuheung tur hade hate, jajauheun tina sifat-sifat nu nimbulkeun riributan teh. tapi ayeuna, sanajan teu ulubiung rirbutan tapi ngaheueuhkeun kana sabangsaning pacengkadan teh. duka atuh.............. eta kitu pangaruh tina tuangeun? ari baheula mah katuanganana teh mung saukur lalab-lalaban? ari ayeuna? fast foods, steak, barbeque jrrd [muga bae taya nu teu halal!] - kamajuan, cenah!? salam, yadi > >

