nya lah sok atuh kang ikmal
ayeunamah meningan ngabahas HBH wae
geus lieur ah ngabandungan asal darwin


----- Pesan Asli ----
Dari: ikmal <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Selasa, 3 Juni, 2008 12:15:05
Topik: [Urang Sunda] Nyuhunkeun bantosan……..nuju tunggara!!

Nyuhunkeun bantosan……..nuju tunggara!!

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

dina milis ahir ahir iyeu mani haneuteun anu madungdengkeun perkawis 
umum (diluar kasundaan), tapina dina aya pameredih ti sabagean anggahota 
milis naroskeun pamendak ngeunaan HBH mani teu aya pisan anu ngawaler, 
padahal mung disuhunkeun pamendak wungkul, sugan aya usul sareng ideu 
anu tiasa dilalanjahan kanggo ngaraketkeun tali silaturahmi papada urang 
sunda di dunya nyata…..(kadang sim kuring aya hate goreng: boa-boa 
meureun teu merlukeun ngaraketkeun tali silaturahmi paamprok jonghok) 
atuhh mun kitu mah mairan we….abdi mah moal ngiring da bawiraos teu 
peryogi HBH. Tah pamendak sapertos kitu ge panginten pastina ge 
diajenna, janten panata calagra ge terang kereteg pamilon di milis 
iyeu.....hawatos wae atuh ka panata calagra anu tos haat tatathar hoyong 
ngajalankeun HBH, ari iyeu pamilon milis api lain, harianeun.


Baktos,

Tabe pun,


Ikmal

Note : punten bilih aya anu raheut manah, da kieu buktosna sim kuring 
mah, sing lubar pangampura wae ka sim kuring anu kirang tata kirang 
basa, kirang duduk peryoga.


------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links




      Yahoo! Toolbar kini dilengkapi dengan Search Assist. Download sekarang 
juga.
http://id.toolbar.yahoo.com/

Kirim email ke