Haturan kang GanLes sareng baraya..

Saayeunaeun mah aya dua usulan ngeunaan HBH, usulan nu kahiji hayang
di Kampung Budaya Sindangbarang - Bogor, kuring saparakanca tos survey
ka KBS tidinya meunang tanggal nyaeta HBH mun di KBS rencana na 19
Oktober 2008, da samemeh tanggal 19 mah jigana moal bisa mun di KBS,
da ti 7 - 15 oktober rengrengan ti KBS ngawakilan Kab. Bogor (mungkin
Propinsi Jawa Barat) diondang ka acara Kirab Budaya/Festival Nusa Dua
- Bali..

Usulan nu kadua nyaeta di Jatiluhur, tah mun nu ieu mah memang can
sempet di survey kaditu, tapi informasi ngeunaan tempat sareng sagala
rupina mah tos aya..

Tos sababaraha kali sabenerna mah posting ngeunaan HBH teh, ngan duka
kunaon da tara aya nu mairan.. duka judulna kurang menarik.. duka
memang HBH na nu teu menarik.. tapi nu pasti mah isu HBH teh eleh we
ku isu si Darwin, AKK-BB jrrd..

Sabenerna mah matak sababaraha kali di postingkeun teh hayang apal
ereksi.. eh reaksi baraya sakabeh, pan HBH teh acara keur urang
sarerea jadi sumbang saran ti baraya sa KUSnet diantos pisan.. tah
tina ide2 nu aya ti baraya sakabeh ke urang rarancang kira2 mana nu
leuwih loba peminatna (KBS atanapi Jatiluhur), iraha waktuna nu pas,
trus jiga kumaha format acarana..

Jadi sakali deui, mangga ah geura mairan.. mending ngobrolkeun HBH
daripada ngobrolkeun nu teu pararuguh mah...

inget lur... HBH lain SANEKALA jadi teu kudu ditinggalkeun nyumput..

baktos'
bdn.

--- In [email protected], Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Waalakum salam ............
> Beu... beu... beu ... meni nelenges kitu Kang Ikmal ....... Tapi
muhun atuh da geuningan ningali kukaayaan mah sapertos
anu diwakcakeun ...... 
> Ayeuna mah cingan atuh dibewarakeun deui sdaperkawis HBH teh geura
... hoyong terang dugi kamarana misi sewang-sewanganna .... apanan teu
aya lepatna, sanes .....!? Tah engke oge geura tiasa katembong
seuseueurna teh ngiringang GRP NATO atanapi henteu ......
> Ari saran sim kuring nylira mah saperkawis waktos cingan
dibewarakeun entong sawaktos ... janten aya alternatif deui anu
sanesna, supados komunikatif oge ... janten saha-saha wae anu tiasa
tina kaping-kaping anu tos ditangtoskeun, pasti langsung kauninga
sabaraha persen geura anu ngadukung kanu HBH teh ......
> Sakitu wae heula ..... manawi kaparengkeun atuh tah HBHÂ teh .......
> Nuhun


Kirim email ke