edited
---------- Forwarded message ----------
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Wed, Jun 4, 2008 at 11:27 AM
Subject: Re: [kisunda] Re: dialog KANG SUKMA (KANEKES) dgn TUKUL, di 4
mata...MANAJEMEN
To: [EMAIL PROTECTED]


Di luar cecekelan hirupna anu danget ieu lumayan geus pada mikawanoh,
aya sisi-sisi carita sejen ti urang Kanekes. Hiji dua carita anu
ngandelan naon rupa anu ditepikeun ku Kang Rachmat ngeunaan anu dumuk
di wewengkon G. Kendeng ieu. Ngeunaan sikep hirup anu simple tapi
munel tur keuna.

Kajadian kahiji:

Dina hiji waktu cenah, aya rombongan ti departemen sosial arek
sosialisasi ka urang Kanekes ngeunaan perluna kahirupan modern,
utamina soal lingkungan, kebersihan jeung kasajahtraan sosial.
Lalampahan ka Kanekes (populer na mah Baduy jero) tea lain
bantrak-bantrakeun urang kota. Nya singget caritana mah sababaraha
urang ti rombongan depsos teh mopo nepi ka digarandong ku urang
Kanekes sangkan tepi ka nu dituju. Sangges nepi ka pakampungan Kanekes
(Baduy jero), nalika acara sosialisasi dimimitian, aya adu obrolan
antara wakil ti depso jeung urang Kanekes sarupa kieu:

Wakil ti Depsos, ibu-ibu, kabeneran anu pabeubeurangna kudu digandong
supaya nepi ka tujuan, muka acara: "Baraya sadaya urang Kanekes, sim
kuring jeung rombongan depsos, wakil ti Pamarentah, ngahaja kadieu
pikeun ngayakeun sosialisasi ngeunaan hirup sehat anu baris mawa kana
kasajahteraan"

Teu laju biantara eta wakil ti depsos teh kaburu ditempas ku salah
saurang warga Kanekes anu tadi beurangna ngagandong anjeunna. Kieu
cenah interupsina eta warga Kanekes teh: "Ah ibu mah aya-ya wae.
Kumaha bisana ibu mere wejangan ngeunaan tata cara hirup sehat jeung
sejahtera, ibu wae tepi kadieu kudu digandong"

Kajadian kadua:

Pabeubeurangna eta rombongan ti depsos teh jalan-jalan ngaroris
sabudeureun pakampungan Kanekes. Aranjeunna jog anjog ka hiji balong
(perairan). Laju salah saurang diantarana naros ka urang Kanekes anu
nganteur:"Kumaha mang lauk di balong? sararehat?". Urang Kanekes anu
ditaros teh ngawalon kalem pisan:"Soal lauk di balong mah nya tanya
wae langsung ka laukna atuh".

Simpel, munel jeung keuna urang Kanekes.

manAR
"Ah bapa mah


On Wed, Jun 4, 2008 at 10:30 AM, agus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> SUMUHUN KANG,...
> abdi nguraikeun eta secara informasi dialog antara tukul sareng kang
> sukma ti baduy,...
> secara tersirat,... jawaban2 orang baduy itu sangat simple tapi
> mengandung makna yang dalam, terutama dihubungkan dengan keadaan
> /kondisi indonesia saat ini.
> yang patut disyukuri,... tukul sebagai host, bisa menempatkan performa
> orang baduy itu (dulur urang tea) ,... tidak seperti objek, tapi
> menghargai apa yg diuraikan kang sukma, merespon dgn baik,tidak
> melecehkan, meskipun suasananya sangat komedi.
> panginten karena aya pepi yg asli sunda pisan, jadi lebih
> terkomunikasikan dengan baik.
>
> performa sunda dimata rakyat indonesia, akan bisa lebih eksis dan
> membanggakan apabila dikonsep secara baik dan terencana,...
>
> abdi sempet khawatir, orang baduy diwawancara ku tukul,... sieun
> memberikan imej tidak baik, kewibawaaan kanekes dipertaruhkan,.. tapi
> pas tayangan kamari, abdi nganilai, cukup bagus, penampilan kang sukma
> sebagai duta kanekes pas ,... teu kaku, juga 'saklek tina nguraikeun
> filosofi2 baduy ,walau tersirat secara sederhana,...
>
> PANGINTEN PERYOGI URANG SEUEUR NAMPILKEUN KASUNDAAN SECARA SANTUN,
> TERENCANA TUR 'UNIK'terutami di televisi,... supados performa prabu
> siliwangi teh lain ngan ukur maung pikasieuneun,... tapi figur raja nu
> wijaksana, madaniah sareng,.... tiasa langkung cocok janten presiden
> RI (har,.... kadon kadinya???? hehehehe,... bae weh,... bebas ari
> cita2 mah nya,...)
>
> hurip sunda!
>
> =roche=
>
> --- In [EMAIL PROTECTED], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>
>>
>> Ceuk kuring mah aya konsep atanapi pipikiran urang
>> Kanekes anu dikedalkeun sacara sederhana, tapi maknana
>> luar biasa. Sakapeung mah, urang salaku manusa anu
>> nganggap "beradab", sok era parada lamun neuleuman
>> pituturna.
>>
>> Salah sahiji contona nyaeta "PONDOK TEU MEUNANG
>> DISAMBUNG PANJANG TEU MEUNANG DIPOTONG". Dikaitkeun
>> sareng pedaran ti Don Hasman kamari di UI, dimana
>> upama urang Kanekes, rek ngawangun imah, aya waktuna
>> sareng kedah beres dina sadinten. Dina sadinten teh,
>> tiasa ngawangun dugi ka 30 bumi.
>> Kuring ningali aspek ieu nunjukkeun urang Kanekes teh,
>> asak pisan dina perkara PERENCANAAN YANG MATANG dan
>> AKURAT. Hal ieu teh pan salah sahiji bagian tina aspek
>> manajemen. Janten upama bade ngalaksanakeun hiji
>> padamelan teh, kedah asak pikiran, sahingga naon anu
>> direncanakeun teh dina prakna sesuai/cocok, teu aya
>> kakurangan teu aya kaleuwihan.
>> Ari jaman kiwari pan sok sanaos tos direncanakeun ku
>> para ahli di widangna, tetep wae sok aya perubahan
>> APBN. Berarti eta APBN teh PONDOK PISAN, sahingga
>> perlu DISAMBUNG.
>>
>> baktos,
>>
>> mrachmat uidipura.
>>
>> --- agus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> > laptop tukul: "kenapa orang baduy ga boleh pergi ke
>> > summatra?"
>> > sukma baduy: "jauh,.. paling oge ka jakarta atawa ka
>> > bandung"
>> > laptop tukul: "kenapa?"
>> > sukma baduy: "mun dahar tong wareg teuing,sacukupna"
>> >
>> > laptop tukul: "kenapa orang baduy ga boleh naik
>> > bis?"
>> > sukma baduy: "kudu mayar"
>> >
>> > laptop tukul: "kenapa bulan syawal orang baduy tidak
>> > boleh kemana2?"
>> > sukma baduy: "keur waktuna panen, mun ditinggalkeun,
>> > ke bisi jukutna
>> > nutupan pare"
>> >
>> > laptop tukul: "kenapa orang baduy tidak boleh nonton
>> > tv"
>> > sukma baduy: "lain teu meunang,... da euweuh tipi
>> > diditu mah"
>> > laptop tukul: "menta atuh ka presiden..."
>> > sukma baduy: "teu meunang barang penta,... mun aya
>> > nu mere menang narima"
>> >
>> > laptop tukul: "katanya orang baduy percaya yang
>> > gaib2, trus agama
>> > orang baduy itu apa?"
>> > sukma baduy: "sunda wiwitan",.. kayakinanana, mun
>> > embung mayar, tong
>> > ngahutang, mun embung dicarekan tong picarekeun
>> > batur, mun embung
>> > ditampiling tong tampilingeun batur"
>> >
>> > bersambung,...
>> >
>> >
>> >
>>
>
> 

Kirim email ke