mung nambihan atawa ngalempengkeun sakedik:
Kanekes sebutan resmi administratif sadaya kampung Baduy. Kanekes teh
ngaran desa, nu ngawengku kampung2 Baduy, boh jero (tilu kampung:
cibeo, cikertawana, cikeusik) boh panamping (luar, cenah aya 50an
kampung). kepala desana, disebut Jaro, ayeuna dijabat ku jaro Dainah. 

Sukma di 4Mata
enya, Sukma sigana geus diatur ku produser sangkan 'ngerjain' tukul ku
api2 teu bisa basa indonesia. urang baduy biasana memang ngajawab
kitu, ku cara basajan. 

agama Baduy ngarana Sunda Wiwitan
nanya agama baduy teu bisa ka satiap urang baduy. sabab kalolobana
ngajawab basajan. teu eces. nu lengkep aya dina buku Masyarakat Sunda
(Sebuah Tinjaun Sejarah) kenging suwargina Prof. Edi S Ekadjati. atawa
sigana aya dina buku Baduy beunang Prof. Yudistira Garna, tina 
desertasina perkara Baduy di Universitas kebangsaan malaysia. si
kuring can boga buku ti desertasi ieu.

Pulung atawa bapa narah, basa ditanya ragam hias (seni ukir) dina hulu
bedog nu si kuring meuli, naon hartina, dijawab, ah eta mah
pamandangan wungkul. pamandangan maksudna hiasan. ku si kuring
diilikan, aya tilu buleudan, bisa jadi hartina atawa lambang tilu
kampung baduy jero, cibeo, cikertawana, cikeusik, atawa sistem pola
tiga, cek antropolog mah, cara baduy ngabagi alam, buana nyungcung,
buana pancatengah, jeung buana larang. 


Pulung jeung Jarip
Pulung atawa bapa Narah, nu kungsi diendongan imahna di Ciranji,
minggu kamari panggih, di bdg, jeung budakna, umur 13 taun, jarip
ngarana. jarip mah make sendal capit. panaseun cenah sukuna nincak
aspal. biasa nincak taneuh, can kebal cara bapana.

manehna tas di kang Nanang dosen Seni rupa UPI. hayang panggih cenah,
nya jangjian we di itb ngarah deukeut, ongkoh keur aya di dinya tas
sakola. manehna mawa baju baduy jero (kelir bodas) jeung baju baduy
luar, kelir hideung. jualeun. nga sms babaturan saangkatan nu jadi
dosen produk. si sobat meuli hiji baju baduy jero. si kuring mah meuli
calana hideung jeung madu. 

ari maduna mah ku pulung nitip ka kang Wahyu, guru SMSR tea. cenah
mawa 30 botol, geus rek beak. meuli 3 botol. incu mitoha, anak si
kuring, si tizzy jeung si div2,  disina ngasaan, tapi teu raresepeun,
sigana giung teuing. padahal madu teh ubar pikeun sagala rupa kasakit.

pabeubeurang Pulung jeung Jarip terus ka Jatayu. hanjakal imah can
anggeus, da ongkoh kurang duit, mun geus jadi mah, sina ngendong,
sanajan jauh di cihideung.


Kirim email ke