Heureuy ah....Mun abdi janten SBY..."Puguh wae ari rakyat mah hese
dibohongan..kulantaran nggeus nyaho cara2 ngabohong...teu siga kuring
!"....Kumaha tah..?

On 6/4/08, taso1009 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Dina Jakarta Post, 3 Juni 08 kamari, aya polling sms nu eusina
> nyindiran SBY.Jarkeun teh kieu (kira2):
> "Presiden Indonesia SBY yang bergelar Doktor dapat dengan mudah
> dibohongi oleh yang mengaku dapat mengembangkan energy berbasis air.
> Bagaimana pendapat anda? Kirim SMS ke...."
>
> Allah.... mun enya bohong teh, hebatnya nu ngabohong.
> Doktor wae kabohongan, komo rahayat biasa.
>
> Mangkaning presiden deuih.....
>
> Kumaha nya...?
> Ngilu era ntong nya....?
> Moal ah...
>
> Tatang S.
>
> --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "Waluya"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Kuring teh panasaran, macaan dina Detikcom, cenah aya urang Indonesia
> > nimukeun cara kumaha cai jadi Bahan Bakar ku jalan nyokot unsur
> Hidrogen nu
> > ngabentuk senyawa cai (H20). Aran jelema ieu Joko Suprato nu cicing di
> > Madiun di Jawa Timur. Loba nu katarik ku pamanggih Joko ieu kaasup
> penasehat
> > SBY. Joko dimodalan, cenah pabrik keur produksina di Cikeas, deukeut
> imah
> > SBY. Terus kabejakeun Joko ngaleungit, tapi ayeuna geus kapanggih
> deui. Joko
> > disebut-sebut lulusan Elektro UGM, tapi hal ieu ditolak ku UGM. Duka
> saha
> > Joko Suprapto teh ....
> >
> > Nu kuring panasaran, naha bener Joko bisa manggihan Bahan Bakar non
> minyak
> > tina Cai? Kumaha metodena? Hebat lamun bener teh, kudu meunang
> Nobel. Ngan
> > lamun teu bener, beu euy .....kacida teuing para gegeden nu diluhur,
> bisa
> > percaya kitu wae kanu hal-hal anu acan kabuktian sacara ilmiah.
> Boa-boa alam
> > pikiran "pangawasa" teh masih sarua wae jeung jaman "tai kotok
> dilebuan", nu
> > percaya ka dukun. Bedana teh ari baheula mah "dukun" make
> jangjawokan ari
> > ayeuna mah dukun teh dibungkus kunu siga ngilmiah-ngilmiah ......
> >
> > Baktos,
> > WALUYA
> >
>
> 
>

Kirim email ke