Kasus blue energi nuduhkeun yen rahayat sakapeun atawa bisa jadi
leuwih pinter ti pamimpinan atawa Pamarentah (Pamimpin atawa
Pamarentah di dieu ngawengku ti  mimiti pamimpin/pamarentah pang
luhurna, nyatana presiden, pamimpin/pamarentrah di  instansi-instansi
ti mimiti pangluhurna nepi ka panghandapna). Hal ieun kajadian dina
sababaraha pasoalan, utamina anu patula-patali jeung bidang anu
informasi neba dina internet (na aya widang anu informasina teu aya di
internet?). Dina lebah informasi, bisa jadi Pamarentahan teh
katinggaleun pisan. Utamana Pamarentah anu sibuk ku urusan birokrasi
sapopoe bari teu sadara kana ayana banjir informasi dina jaman IT siga
ayeuna.

manAR

On Wed, Jun 4, 2008 at 12:47 PM, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Heureuy ah....Mun abdi janten SBY..."Puguh wae ari rakyat mah hese
> dibohongan..kulantaran nggeus nyaho cara2 ngabohong...teu siga kuring
> !"....Kumaha tah..?
>
> On 6/4/08, taso1009 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> Dina Jakarta Post, 3 Juni 08 kamari, aya polling sms nu eusina
>> nyindiran SBY.Jarkeun teh kieu (kira2):
>> "Presiden Indonesia SBY yang bergelar Doktor dapat dengan mudah
>> dibohongi oleh yang mengaku dapat mengembangkan energy berbasis air.
>> Bagaimana pendapat anda? Kirim SMS ke...."
>>
>> Allah.... mun enya bohong teh, hebatnya nu ngabohong.
>> Doktor wae kabohongan, komo rahayat biasa.
>>
>> Mangkaning presiden deuih.....
>>
>> Kumaha nya...?
>> Ngilu era ntong nya....?
>> Moal ah...
>>
>> Tatang S.
>>
>> --- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> >
>> > Kuring teh panasaran, macaan dina Detikcom, cenah aya urang Indonesia
>> > nimukeun cara kumaha cai jadi Bahan Bakar ku jalan nyokot unsur
>> Hidrogen nu
>> > ngabentuk senyawa cai (H20). Aran jelema ieu Joko Suprato nu cicing di
>> > Madiun di Jawa Timur. Loba nu katarik ku pamanggih Joko ieu kaasup
>> penasehat
>> > SBY. Joko dimodalan, cenah pabrik keur produksina di Cikeas, deukeut
>> imah
>> > SBY. Terus kabejakeun Joko ngaleungit, tapi ayeuna geus kapanggih
>> deui. Joko
>> > disebut-sebut lulusan Elektro UGM, tapi hal ieu ditolak ku UGM. Duka
>> saha
>> > Joko Suprapto teh ....
>> >
>> > Nu kuring panasaran, naha bener Joko bisa manggihan Bahan Bakar non
>> minyak
>> > tina Cai? Kumaha metodena? Hebat lamun bener teh, kudu meunang
>> Nobel. Ngan
>> > lamun teu bener, beu euy .....kacida teuing para gegeden nu diluhur,
>> bisa
>> > percaya kitu wae kanu hal-hal anu acan kabuktian sacara ilmiah.
>> Boa-boa alam
>> > pikiran "pangawasa" teh masih sarua wae jeung jaman "tai kotok
>> dilebuan", nu
>> > percaya ka dukun. Bedana teh ari baheula mah "dukun" make
>> jangjawokan ari
>> > ayeuna mah dukun teh dibungkus kunu siga ngilmiah-ngilmiah ......
>> >
>> > Baktos,
>> > WALUYA
>> >
>>
>
> 

Kirim email ke