Kunaon Pancasila bisa rusak.Pami teu lepat tos lami rusakna teh.
Sapangartos abdi, Pancasila teh hasil kesepakatan para sepuh urang nu beda -
beda agamana.Nya jantenna eta sila Ka Hiji "KETUHANAN YANG MAHA ESA".
Tah nepi ka ayeuna abdi teu ngarti keneh wae. Naha gening di Nagara Pancasila
nu cenah berdasarkan KETUHANAN bet aya diskotik nungajual alkohol.Aya Pelacuran
di Panti Pijat. Pornoaksi dina TV. .Kantos aya perjudian deuih!!!.
Bulak balik abdi maca Quran, Perjanjian Lama, Perjanjian Baru.Ngobrol jeung
Pendeta Konghucu, Budha, Hindu. Geningan teu aya hiji oge agama nu ngahalalkeun
Diskotik, Alkohol, Pelacuran, Perjudian, Pornografi.
Ah Lieur abdi mah.Pantesan Indonesia rusak.Da unggal poe NIPU TUHAN.
H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Leresnya...KAM
mah diomongkeun ge henteu..saolah urang teh teu boga kawajiban...padahal ceuk
elmu kasaimbangn supados hirup aya niley..cenah Hak sareng Kawajiban teh kedah
saimbang...atanapi teu aya HAK lamun teu aya KAWAJIBAN...meureun...nya ?
On 6/4/08, Urang Sunda Hudang Euyyy <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Leres kang
pan PANCASILA tos di Gantos Ku HAM jeung DEMOKRASI PULARIS
jadi wadul pisa mun urang HAM ngaku ngaku membela PANCASILA
dan HAM = Hak Asasi Manusia ---> ari Kawajiban Asasi Manusia na mana?
On Wed, Jun 4, 2008 at 8:26 AM, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kabablasan...kabablasan...ayeuna ku bandera demokrasi jadi leuwih loba nu
miheulakeun hak batan kawajiban. Saeutik saeutik hak, sakeudeung sakeudeung
hak. Lamun miheulakeun hak batan kawajiban pastina dol, dol, dol, pegat jalur
komunikasi. Kabeh miheulakeun hak ti buruh, pagawe, pangusaha jste. Lamun geus
kitu moal aya musyawarah jeung tungtungna moal aya mufakat. Lamun kitu mah
hakekatna geus euweuh pancasila teh. Janten cespleng eta patarosan....naon
tujuan aranjeun teh?
cag
Makarya Mawa Raharja
----- Original Message ----
From: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, June 3, 2008 4:47:49 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Kiai digebugan FPI! - Perang Kepentingan!
Tos kabuktos nya bangsa urang mah "Not me !"..sanes "Pardon me !" atanapi
"Excuse me!"...........Saha nu mawa pestol ? Not me ! saha nu ngagebugan ? Not
me ! Lucuna Penyiar TV One oge mihak....unggal habieb Riziek ngomong berusaha
dipotong..tapi ari Kang Maman.nyarios mani ngagolontror. ..Iraha dewasa na ?
naon tujuan aranjeun teh !?
On 6/3/08, taso komiko <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
Punten ka Kang Abu Kasya,
Abdi mung ninggal tina inklusivitas masjid nu biasana. Pan urang teh dimana aya
masjid sok blus we ngiring sholat, lamun keur aya dina perjalanan teh. Cenah
masjid Ahmadiyah mah ngan ukur keur maranehna hungkul (ekslusive). Sholat
embung bareng jeung urang cenah. Komo jadi ma'mum mah embungeun pisan. Duka
tah, naha leres eta teh.
Tahh.... ayeuna mah abdi rek curhat alias ngucurkeun eusi hate nu keur sedih
sanggeus ninggali 'talk-show' di TVOne anu bentang-bentangna teh Habib Rizieq,
Ust. Maman, jeung potongan pernyataan Gus Dur.
Sedih lantaran gening tetela maranehna mah mikiran kapentingan marenehna
wungkul. Lain kapentingan makro/bangsa. Ceuk Habib Rizieq, laskar FPI Jawa
Barat bergerak ke Cirebon karena kantor FPI di serang, plangnya dirobohkan,
dll. oleh masyarakat/ormas tertentu. Kata Ust. Maman oh saya tidak tahu, saya
sedang di RS. Hallooo... ini jaman IT tukang becak aja punya hp masa pemimpin
pasantren nteu.
Sedih....., lantaran eta nonoman teu ngamangpaatkeun momentum tampil di TV
nasional keur mareuman bibit seuneu nu mulai hurung. Ngadon ngadu argumentasi
urang nu pangbeuneurna. Sedih euy...., era ku umat nu lian.
Kitu deuih ninggali Habib Riziek v.s. Gus Dur ngadon pasirik-sirik. Ceuk Gus
Dur :FPI organisasi bajingan, bubarkan saja. Ceuk Habib Rizieq: Gus Dur buta
mata, buta hati, antek yahudi.
Gusti.... kalakuan.... ..!
Tatang S.
--- On Mon, 6/2/08, armandria udaya <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
From: armandria udaya <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Kiai digebugan FPI! - Perang Kepentingan!
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Date: Monday, June 2, 2008, 9:56 AM
Aduh meni sedih ngadanguna.Matakna panginten ari diajar agama islam teh
gening kedah langsung ti junjungan nabi suci s.a.w, ti para sahabat r.a, ti
para mursyid nu dipercanten ku manah. Sanes ti urang arab oge sanes ti turunan
wali songo.Komo ti Yahudi mah.
Abu Kasya <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
Ulah nyakompet daunkeun kang....
beda kasus na, NU muhamadiyah mah ngan organisasi.. ..
Ahmadiyah mah ALIRAN SESAT !!!
Juama'ahan kamari khotib na ngabahas kasesatan AHMADIYAH... .geus jelas NYATA
KASESATAN NA....
kuring ningali langsung kitab suci ahmadiyah, ternyata Alquran nu suci teh
loba di robah di ajaran ahmadiyah, ayat na loba nu di tambahan loba nu di
tambahan tergantung kabutuhan Mirza gulam ahmad.
Salain eta Mirza gulam ahmad teh ngaku meunang wahyu tina ngimpi, nu di
kumpulkeun dina kitab tadzkiroh...
ancur pisan pokokna mah....
syahadat, bunyi na sarua, tapi pengakuan karasulan na lain ka nabi Muhammad,
tapi ka Ahmad ( mirza gulam ahmad )....
panjang mun dicaritakeun mah......
naha nu kieu rek di antep ?
kuring ge teu panuju ari penyelesaian ku cara anarkis mah....
mangga nu berwenang bereskeun tah......... ......... .
On 6/2/08, taso1009 <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Geuning kituh baraya,
perang teh can keneh aya nu jadi 'pemenang'.
Nu kahiji (Hitzbuttahrir yang disusupi FPI) make isu "menolak kenaikan
BBM"
Nu kadua Aliansi Kebangsaan make isu "memperingati hari lahir Pancasila"
Padahal nu kahiji (FPI) geus niat rek ngagebug aliansi nu puguh rek
ngabela Ahmadiyah make agenda kebebasan beragama.
Hoyah... rame...!
Urang tingali we tung-tungna: naha bakal aya masjid NU, Masjid
Muhammadiyah jeung aya masjid Ahmadiyah.
Siga urang Karesten aya gereja Baptis, Advent, jrrd.
Cing tah....
Tatang S.
--- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "Waluya" <[EMAIL PROTECTED] ..> wrote:
>
> Tadi sore cenah, di Monas aya kagiatan lahirna Pancasila (1 Juni). Aya
> kolompok nu ngiluan nu meperjuangkeun kabebasan beragama di
Indonesia. Eh
> ari pek teh diserebu ku FPI terus digebugan. Aya 12 urang nu dibawa
ka Rumah
> Sakit. Cek dina detikcom, salah saurang nu digebugan teh Kiai
Maman*). Kiai
> Maman tepi ka kapaehan. Oge kabejakeun Mohammad Guntur Romli nu
tulisanana
> loba nyebar di Internet. Gus Dur oge ampir-ampiran da arek datang,
untung
> ditelepon ku istrina.
>
> Anehna pulisi ngantep, cenah alesanna tinimbang "memperkeruh
suasana". Alah
> .... kumaha ieu teh Pa Pulisi, nu digebugan ku FPI teh Kiai, nu
sarua boga
> massa. Komo lamun tepi ka Gus Dur dirogahala mah bisa-bisa
awut-awutan ieu
> nagara, sabab masa pendukungna lain saeutik, jutaan. Kumaha lamun
ngamuk?
>
> Atawa ngahaja kitu supaya soal BBM repeh? Teuing atuh, beuki teu
ngarti
> kuring mah ieu nagara rek dibawa kamana ....
>
> *) Di daerah Jatiwangi Majalengka aya Kiai kasohor, namina Kiai Maman.
> Ngora keneh, kuring kungsi ngadengekeun khotbahna basa adi kuring
arek naek
> Haji. Khotbahna sae matak "tiis ceuli herang mata". Naha Kiai Maman
anu ieu
> kitu?
>
> Baktos,
> WALUYA
> [Hayang pindah nagara euy .....]
>
--
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.smarthubtech.co.id
-----------------------------------------------------------
www.independen.wordpress.com
www.inkas.wordpress.com
www.garut0262.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.net