Ceuk Kang Yaya, Indonesia teh hiji nagara dimana 12 tina 14 bencana alam sadunya aya di Indonesia. Ti ngawitan ratusan Gunung seuneu (panglobana sadunya), nepi ka tsunami. Tapi nu leuwih hebat deui teh, 80 % keanekaragaman hayati sadunya teh ayana di Indonesia. Kitu deui perkara macem-macem sukubangsa, moal aya nu ngelehkeun. Naha geuning nonjolkeun ka- Indonesiaan, mana Sundana? Puguh kang Yaya teh tos nyiapkeun materi kaunggulan anu aya di Tatar Sunda. Tapi anu ngiringan acara Simpay teh beragam, malihan mah aya mantan Dekan FIB anu ahli dina budaya Jawa jeung peminat tutuwah asli Nusantara, nya antukna anu disodorkeun kang Yaya teh perkara potensi herba medica di Indonesia. Tapi Kang Yaya teh manghanjakalkeun, teu aya (mun aya oge saeutik) publikasi ilmiah di tingkat internasional, perkara tutuwuhan asli Indonesia ieu. Padahal tren ayeuna teh, baralik deui kana obat-obatan tradisional anu bahanna ti alam. Hiji mangsa kang Yaya teh nguruskeun ekspor daun jambu ka Korea pikeun obat kencing manis. Kiriman kahiji mah, sukses. Tapi kiriman saterusna jadi morosot, sabab dina daun jambu teh ditambahan ku ranting daun jambu. Antukna pesenan daun jambu ti Indonesia di stop, pindah ka nagri Thailand. Nya kituoge pangalaman ngirim koneng gede ti salah sahiji kabupaten di Jawa ka Korea, awal-awalna mah lancar kualitas koneng gede baradag. Tapi beuki kadieu kong gedena kualitasna turun. Waktu kang Yaya naros ka para patani di Jawa, cenah koneng gede anu biasana dipanen umur 9 bulan teh, dimajukeun jadi 6 bulan. Sabab patanina butuh waragad pikeun sakola anakna. baktos, mrachmat uidipura

