ari nangtukeun lokasi jang HBH mah sangat sangat gampang kang.... teu kudu poting-potingan, komo mpot2an mah...
nu hese teh bisa daratang henteu dina eta acara teh? nu penting mah, kumaha komitmen ti anggota milis supaya acara HBH nu intina mah acara "dari anggota milis untuk anggota milis" teh bisa sukses. kuring mah moal waka komen ari masalah tempat mah, sok weh teu langkung haroyongna bade di mana. mun tos cocog, meureun panitia teh gampang aras urus, utar atur sagala rupana da ngurus HBH teh meureun moal bisa dina saminggu jadi. encan tempatna kudu booking ti anggalna. matak kuring ni sok rada gereget da ka anggota milis ieu teh. ari dipenta ideu, ni euweuh hiji2 acan nu mere ideu ka panitia teh SOK ATUH, SAKALI2 MAH NGABAHAS MASALAH HALAL BIHALAL DI MILIE IEU TEH BISI CENAH ALERGI NGADENGE HBH, SOK ATUH BERE IDEU LAIN. sakali2 mah masalah monyet, fpi, ahmadiyah, jrrd disingkirkeun heula nuhun cag --- In [email protected], YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > MRachmat Rawyani wrote: > > > > > > Upama pikeun ngajak para anggota milis supaya daratang > > ka tempat HBH, jigana rada teu cocok upama di > > Jatiluhur mah. > > > > > > > > tuh pan, tina tilu tempat lokasi h bh: sindang barang, jatiluhur sareng > bandung, kantun dua. > janten antawis sindang barang atanapi bandung, voting bae kitu? > aya nu propaganda? >

