Masih kiat nuang sate torpedo kang? Emut stasion teh emut kana sate torpedo 
sareng mess Mitra Batik.


JP




----- Original Message ----
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, June 7, 2008 5:41:22 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Perkedel BONDON Euy!


Mh, abdi tos lami kaasup anu mikaresep (penggemar) warung Bu Haji
Usman. Muhun, namin warung nasi anu ngical perkedel bondon
teh-sakumaha dina spanduk anu ngajengjreng nutupan bagean hareup
warung - "Warung Nasi Ibu Haji Usman". Tapi, kasebut penggemar teh teu
maceuh teuing, kitu wae lah mun pareng mulang ti Jakarta kana
karetaapi, rada bisa dipastikeun, salawasna sok sindang heula ka eta
warung.

Saleresna eta warung buka ti isuk-isuk keneh, sakumaha ilaharna warung
sangu. Ngan, perkedel bondon-na memang dipidangkeunana teh ngaharib ka
tengah peuting, henteu ti isuk keneh. Mindeng pisan si kuring
nyaksian, mun pareng ka eta warung jam 10-an peuting, antrian anu rek
meuli perkedel teh geus kasampak. Padahal piperkedeleunana mah karek
ditutuan. Nya da puguh leutik warung teh, ukur kl 2 m x 5 meter jeung
dapur-dapurna, kalayan kabeh bagean rohangan nembrak ka nu balanja
atawa anu lalr liwat.

Lian ti perkedel, meh sadaya katuangan di eta warung pelem. Hal ieu,
ceuk kuring, lian ti samarana jempolan, oge cara masakna anu
tradisional. Muhun, sadaya masakan di warung Bu Haji teh dipasakna
make seuneu tina areng, lain tina minyak tanah atawa gas. Mangga
raosan geura, boh sayur lodehna, boh sambel tarasina, atawa pais
hayamna, pedo kacida ....(hehehe, punten sanes iklan).

manAR

2008/6/7 mh <[EMAIL PROTECTED] com>:
> Malam Hari Nikmati Perkedel Bondon
>
>
> Perkedel bondon
>
> Nah, untuk malam hari, bisa juga mencoba "perkedel bondon" yang kini
> menjadi primadona wisata kuliner Bandung. Letaknya di Jln. Kebonjati,
> masuk emplasemen stasiun lama Bandung. Disebut perkedel bondon, karena
> warungnya baru buka pukul 21.00 WIB, persis seperti para bondon
> (wanita nakal) yang biasa beroperasi malam hari.
>
> Biasanya, warung perkedel bondon yang menawarkan menu standar terdiri
> dari lauk ayam, gepuk, tahu, dan tempe itu, akan "diserbu" pengunjung
> menjelang tengah malam. Jadi, jangan heran jika telat datang, Anda
> akan berada dalam satu antrean panjang. Untuk menikmati perkedel
> bondon yang dicocol dengan sambel terasi, pembeli tak perlu merogoh
> kocek terlalu dalam. Dijamin sangat murah.
>
>
> citation:
> http://newspaper. pikiran-rakyat. co.id/prprint. php?mib=beritade 
> tail&kd_sup= 1&id=16680
>
> 
    


      

Kirim email ke