Para wargi ki sunda haturan?... neda widi sim abdi seja ngiring deui aub di
kisunda….lami pisan teu tiasa ngapung ka milis…. ku margi instruksi
PANGAB(utuh)… teu tiasa silaturahmi sareng kawargian sadayana..
Alhamdulillah gening kisunda tambih kaseungitan ku wargi wargi - boh nu lami
boh anyar sumping - nu nambih nambih langkung euyeubna milis.
Kasadayana wae assalamualaikum ….sun.
Tawis silaturahmi ka sadayana…nyanggakeun kutrat-kotret kampung manawi janten
iloeun.
Baktosna
Eddy Nugraha
=======
Kalam kasundaan:
SASAKA SAKAWAYANA:
SAKAWAYANA KAMI SAKUMAHA EUY? DIMANA SASAKANA?
Eddy Nugraha
PANGANTEUR
I
Sasaka Sakawayana.
Kecap sasaka masih keneh asup kana entri kamus sunda nu hartina TIHANG atawa
lulugu, aya oge nu nyebut pusaka ( kamus umum basa sunda LBSS). Ari sakawayana
mah asana ku para ahli basa sunda formal ayeuna geus teu diasupkeun kana entri
kamus atawa ensiklopedi sunda (Naha nya??)
Dina ayana oge, kecap sakawayana teh disambungkeun atawa aya hubungana jeung
saukur ngaran nami gelar luluhur pajajaran teureuh talaga manggung baheula
kongas kasebat Batara Sakawayana buyutna Prabu Niskala Wastukancana ti Ajar
Kutamangu Kusumalaya sareng Ratu Simbarkancana (tingal diantawisna sajarah Jawa
Barat nu dikempelkeun bahan-bahana ku Drs. Yoseph Iskandar) atawa ngeunaan
sababaraha tempat di tatar sunda (misalna wae di sumedang jeung, nu geus teu
bireuk mah nya, daerah Sakawayana di Sukabumi kidul).
Sakawayana –dina logat lokal sok jadi sokawayana- boga harti: kahiji, tina
kecap sakawaya(H)na. diwancah jadi saka-wayahna, saka-waktuna (ieu pamendak ,
salah sahijina, katampi ti salah sawios inohong sunda Drs. H.R. Hidayat
Suryalaga, waktos anjeuna cumarios di bumi wargi dina raraga milangkala tepang
taun – taunan kapengker). Harti kadua, nurutkeun basa urang kampung sapopoe
sakawayana teh tina kecap sa-kawaya-na ari kawaya teh hartina SABUK, BEUBEUR,
EPEK. Jadi lamun geus dicalana dibaju memeh indit saged rek kaluar teh sok
nyarita kieu “ke atuh rek dikawaya heula” maksudna calanana rek dibeubeuran
heula ameh teu morosot jeung leuwih pantes.
Tangtu geus pada terang yen guna na kawaya salian ti ‘accessories’ nu rupa-rupa
model warna jeung bahanna supaya pantes (sakaresepna, sakahayangna), oge pakeun
nyangcang calana supaya teu morosot/pas dina cangkeng da bisa diatur ku
nyangreudna (ayeuna mah aya liangan) ameh aurat handapeun beuteungna (karesep,
kasusah, kangeunah, kaerana nu dibabawa jeung ngilu) teu kaciri lain dina
waktuna. Ari cangkeng utamana ngagedean ngaleutikanana kumaha beuteung
sedengkeun beuteung nya kumaha eusi peujitna; aya nu leutik, gede nepi ka
burayut nu ditangtukeun ku kabutuh pakeun hirupna (kayaning rupa rupa hakaneun
jeung rea henteuna nyatu), jeung kabetah jelema salira hirupna (nu teu daek
olah raga mah ku dahar wae teh beuteungna jadi burayut moal tuluy boga beuteung
rata ‘six pack’ tuluy, da geus betah dina haroream ngusikeun awak). Jadi,
kawaya mernahkeun calana (sakabutuhna, sakabetahna, sahirupna, sahuripna)
supaya pas merenah alus ditiap cangkeng
masing masing jalma nu bisa ngagedean /ngaleutikan -bari beda-beda ukuran
(liang) kawayana- sabab tiap jelema ukuran beuteung (kabutuh/kabetah) eusi
peujitna teu sarua jeung teu angger saban wayah saban waktu (saka-wayahna).
Ana kitu, hususna dina ulikan kapribadian di sunda, sakawayana boga harti
sakabutuhna sakabetahna sahirup huripna masing masing (boh batur boh
sorangana). Sedengkeun Sasaka sakawayana hartina tihang lulugu pusaka nu nahan
nu ngauban nu nyaangan nyaharaan hirup hurip nu kumelip nurutkeun sakabutuhna
sakabetahna sakadaekna sahirupna sahuripna saban wayah saban waktu sawayahna
sawaktuna.
II
Ari sakawayana maneh sakumaha? kumaha nihanganana, ngaubanana, nyukupanana?
Naha bet natanyakeun kitu?
Ih …. cik atuh peupeuriheun salila hirup ukuran kawaya (kabutuh, kabetah
jrrd) sorangan the embung ge… dialukur batur wae (leuleutikanana diomongkeun,
…. bari can tangtu bener ngukur dewek… da batur mah ngukur kawaya urang the aya
pambrihna (moyok we mun ngewaeun komo asa kasoro mah, muji mun resepeun eta ge
pedah sakabeuki sakabetah), lamun sorangan bisa ngukurna mah meureun genah …
da nu sorangan ukuran sorangan. Moal cilaka katideresa dicalana morosot
katingali kanjut ku batur lain wayah, arek ge make model morosot siga budak
ayeuna taya bayana da nyaho bisa keneh katahan ku bujur sorangan teu kudu ku
bujur batur…
Lamun geus nyaho kawaya sorangan meureun bisa ngarasakeun ngahargaan kawaya
batur nu oge baroga masing-masing malah (mun bisa mah) daek wani nyaho ngauban
nihangan nyukupan (jadi sasaka) kawaya batur.
Euleuh…euleuh …gampang nyarita (nulis…he..he) na kumaha nihangan, ngauban,
kawaya batur ? meureun kudu apal liang, apal bahan, nyaho warna, nyaho model,
nyaho kakantet kabutuh batur, jeung kumaha mikeuna ameh teu asa leungiteun nu
sorangan? Kumaha nalianana ameh batur teu asa dipaksa dicangreud? Ameh bisa sa
kabutuhna sakaresepna sahirup huripna. Lamun henteu da boro boro daek narima
komo tumarima, nu aya mah meureun asa kacekek atawa angger susah era calanana
morosot. Jeung mana atuh Sasakana pakeun nyukupan ngauban nihangan kawaya the?
boh nu di aing boh nu di batur?
Saluyu jeung ‘inquiry’ diluhur, Ieu tulisan rek nganepikeun yen disunda
(baheula) ajaran atikan nu geus masagi ngeunaan Sakawayana jeung Sasakana
mangrupakeun hiji ulikan poko dina ulikan kasundaan (baheula) nu diajarkeun
diwariskeun turun manurun supaya dijadikeun tangtungan seuweu siwi.
Wah….mana saksina aya ajaran di sunda kawas kitu? Mana buktina? Tong asal
nyarita tong sok kikirataan (dinyata nyata ku kira-kira)…. (teu usum komo
dijaman alam pikiran jelema nu kagedenakeun na (lolobana) ku pola pikir
positivis mungkul).
=====