Kang Eddy haturan, Kamana wae nun? asa tos lami teu ngalongokan milist. Namung, alhamdulillah, sakalina ngalongok deui rebo ku cacandakan. Leubeut tur leres-leres sanes purakeun memeh mumuluk. Kumaha masih sok ruang-riung di bumi Ambu Otih?
Mangga diantos guaran saterasna, ke geura aya anu ngempelkeun janten buku teras dipedalkeun. Anu tipayun tea, kempelan seratan salira sae oge upami dicitak enggal bari diseueuran. baktos, manAR On Tue, Jun 10, 2008 at 1:20 PM, Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Para wargi ki sunda haturan?... neda widi sim abdi seja ngiring deui aub di > kisunda….lami pisan teu tiasa ngapung ka milis…. ku margi instruksi > PANGAB(utuh)… teu tiasa silaturahmi sareng kawargian sadayana.. > > Alhamdulillah gening kisunda tambih kaseungitan ku wargi wargi - boh nu lami > boh anyar sumping - nu nambih nambih langkung euyeubna milis. > > Kasadayana wae assalamualaikum ….sun. > > Tawis silaturahmi ka sadayana…nyanggakeun kutrat-kotret kampung manawi > janten iloeun. > > Baktosna > Eddy Nugraha > > ======= > > Kalam kasundaan: > > SASAKA SAKAWAYANA: > SAKAWAYANA KAMI SAKUMAHA EUY? DIMANA SASAKANA? > > Eddy Nugraha > > PANGANTEUR > > I > Sasaka Sakawayana. > > Kecap sasaka masih keneh asup kana entri kamus sunda nu hartina TIHANG atawa > lulugu, aya oge nu nyebut pusaka ( kamus umum basa sunda LBSS). Ari > sakawayana mah asana ku para ahli basa sunda formal ayeuna geus teu > diasupkeun kana entri kamus atawa ensiklopedi sunda (Naha nya??) > > Dina ayana oge, kecap sakawayana teh disambungkeun atawa aya hubungana jeung > saukur ngaran nami gelar luluhur pajajaran teureuh talaga manggung baheula > kongas kasebat Batara Sakawayana buyutna Prabu Niskala Wastukancana ti Ajar > Kutamangu Kusumalaya sareng Ratu Simbarkancana (tingal diantawisna sajarah > Jawa Barat nu dikempelkeun bahan-bahana ku Drs. Yoseph Iskandar) atawa > ngeunaan sababaraha tempat di tatar sunda (misalna wae di sumedang jeung, nu > geus teu bireuk mah nya, daerah Sakawayana di Sukabumi kidul). > > Sakawayana –dina logat lokal sok jadi sokawayana- boga harti: kahiji, tina > kecap sakawaya(H)na. diwancah jadi saka-wayahna, saka-waktuna (ieu pamendak > , salah sahijina, katampi ti salah sawios inohong sunda Drs. H.R. Hidayat > Suryalaga, waktos anjeuna cumarios di bumi wargi dina raraga milangkala > tepang taun – taunan kapengker). Harti kadua, nurutkeun basa urang kampung > sapopoe sakawayana teh tina kecap sa-kawaya-na ari kawaya teh hartina SABUK, > BEUBEUR, EPEK. Jadi lamun geus dicalana dibaju memeh indit saged rek kaluar > teh sok nyarita kieu "ke atuh rek dikawaya heula" maksudna calanana rek > dibeubeuran heula ameh teu morosot jeung leuwih pantes. > > Tangtu geus pada terang yen guna na kawaya salian ti 'accessories' nu > rupa-rupa model warna jeung bahanna supaya pantes (sakaresepna, > sakahayangna), oge pakeun nyangcang calana supaya teu morosot/pas dina > cangkeng da bisa diatur ku nyangreudna (ayeuna mah aya liangan) ameh aurat > handapeun beuteungna (karesep, kasusah, kangeunah, kaerana nu dibabawa jeung > ngilu) teu kaciri lain dina waktuna. Ari cangkeng utamana ngagedean > ngaleutikanana kumaha beuteung sedengkeun beuteung nya kumaha eusi peujitna; > aya nu leutik, gede nepi ka burayut nu ditangtukeun ku kabutuh pakeun > hirupna (kayaning rupa rupa hakaneun jeung rea henteuna nyatu), jeung > kabetah jelema salira hirupna (nu teu daek olah raga mah ku dahar wae teh > beuteungna jadi burayut moal tuluy boga beuteung rata 'six pack' tuluy, da > geus betah dina haroream ngusikeun awak). Jadi, kawaya mernahkeun calana > (sakabutuhna, sakabetahna, sahirupna, sahuripna) supaya pas merenah alus > ditiap cangkeng > masing masing jalma nu bisa ngagedean /ngaleutikan -bari beda-beda ukuran > (liang) kawayana- sabab tiap jelema ukuran beuteung (kabutuh/kabetah) eusi > peujitna teu sarua jeung teu angger saban wayah saban waktu (saka-wayahna). > > Ana kitu, hususna dina ulikan kapribadian di sunda, sakawayana boga harti > sakabutuhna sakabetahna sahirup huripna masing masing (boh batur boh > sorangana). Sedengkeun Sasaka sakawayana hartina tihang lulugu pusaka nu > nahan nu ngauban nu nyaangan nyaharaan hirup hurip nu kumelip nurutkeun > sakabutuhna sakabetahna sakadaekna sahirupna sahuripna saban wayah saban > waktu sawayahna sawaktuna. > > II > Ari sakawayana maneh sakumaha? kumaha nihanganana, ngaubanana, nyukupanana? > > Naha bet natanyakeun kitu? > > Ih …. cik atuh peupeuriheun salila hirup ukuran kawaya (kabutuh, kabetah > jrrd) sorangan the embung ge… dialukur batur wae (leuleutikanana > diomongkeun, …. bari can tangtu bener ngukur dewek… da batur mah ngukur > kawaya urang the aya pambrihna (moyok we mun ngewaeun komo asa kasoro mah, > muji mun resepeun eta ge pedah sakabeuki sakabetah), lamun sorangan bisa > ngukurna mah meureun genah … da nu sorangan ukuran sorangan. Moal cilaka > katideresa dicalana morosot katingali kanjut ku batur lain wayah, arek ge > make model morosot siga budak ayeuna taya bayana da nyaho bisa keneh katahan > ku bujur sorangan teu kudu ku bujur batur… > > Lamun geus nyaho kawaya sorangan meureun bisa ngarasakeun ngahargaan kawaya > batur nu oge baroga masing-masing malah (mun bisa mah) daek wani nyaho > ngauban nihangan nyukupan (jadi sasaka) kawaya batur. > > Euleuh…euleuh …gampang nyarita (nulis…he..he) na kumaha nihangan, ngauban, > kawaya batur ? meureun kudu apal liang, apal bahan, nyaho warna, nyaho > model, nyaho kakantet kabutuh batur, jeung kumaha mikeuna ameh teu asa > leungiteun nu sorangan? Kumaha nalianana ameh batur teu asa dipaksa > dicangreud? Ameh bisa sa kabutuhna sakaresepna sahirup huripna. Lamun henteu > da boro boro daek narima komo tumarima, nu aya mah meureun asa kacekek atawa > angger susah era calanana morosot. Jeung mana atuh Sasakana pakeun nyukupan > ngauban nihangan kawaya the? boh nu di aing boh nu di batur? > > Saluyu jeung 'inquiry' diluhur, Ieu tulisan rek nganepikeun yen disunda > (baheula) ajaran atikan nu geus masagi ngeunaan Sakawayana jeung Sasakana > mangrupakeun hiji ulikan poko dina ulikan kasundaan (baheula) nu diajarkeun > diwariskeun turun manurun supaya dijadikeun tangtungan seuweu siwi. > > Wah….mana saksina aya ajaran di sunda kawas kitu? Mana buktina? Tong asal > nyarita tong sok kikirataan (dinyata nyata ku kira-kira)…. (teu usum komo > dijaman alam pikiran jelema nu kagedenakeun na (lolobana) ku pola pikir > positivis mungkul). > > ===== > > ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

