SASAKA SAKAWAYANA: 
mana buktina? mana saksina?

IV

Salah sahiji bukti tinulis ngeunaan ajen inajen ieu ajaran, ka-sakawayana-an 
aya disunda pernah diungkara diantarana dina hiji papatet. Ka-sakawayana-an 
ngahiji jeung ajaran poko kasundaan lianna, nyatana kasumedangan jeung 
kagalunggungan (ngeunaan kasumedangan jeung kagalunggungan tingali tulisan 
“tangtungan sunda eusi”):

Daweung Menak Pajajaran


Gunung Galungggung kapungkur
Gunung Sumedang katunjang
Talaga sakawayana
Rangkecik ditengah leuweung

Ulah pundung ku disungkun,
Ulah sungkan ku diteang,
Tarima raga wayahna,
Ngancik di nagara deungeun.

Singketna menak pajajaran mah kudu kagalunggungan (galunggung galuh nu agung,  
geus katukangan (pungkur=tukang, di Bandung jalan pungkur jalan tukangeun 
kabupaten (alun-alun ayeuna). Jadi lamun ditingal ti hareup, ti ieu menak teh 
kaciri cahayaan ngagalunggung  nu mahal lir inten pohaci terus patala nu jadi 
galeuh galeuhna hiji jalma.  Kasumedangana (elmu madangan nyaangan batur) geus 
katunjang katepi kacangkem tapis ngawujud dina tapak lacakna. (Jadi) talaga 
sakawayana. Tempat kahuripan, karahayuan, karongkahan nu nyukupan somah. talaga 
 tempat nucaina loba, ari cai di jelema the pang diperlukeuna. Di sunda mah 
kahuripan, kajayaan, kinasihan, kawedukan, karongkahan, kamandirian (mencerger) 
sok bijil tina cai-caina hirup. Kongas di loba kabuyutan sok aya ci kahuripan, 
ciasihan, cikajayaan jeung rea-rea deui. (jadi) Rangkecik …..jst.

Catetan: di kisunda mah ieu papatet teh kintunan Drs. H. R. Hidayat Suryalaga 
(Abah Surya), sabaraha taun kapengker - tahun 2001an. Pernah janten bahan 
obrolan (diantawisna sareng Kang Oman, haturan sun!)  ngan teu kantos ka 
dongengkeun dina millis teh saha nu ngadamelna sareng iraha diungkarakeunana).

Tina papatet diluhur, saheulaaneun, nunjukeun yen kecap Sakawayana dihijikeun 
atawa aya dina kumpulan kecap kecap nu nuduhkeun ulikan kapribadian  kasundaan 
poko/utama lianna nyatana kagalunggungan jeung kasumedangan nu jadi cangkeman 
menak pajajaran.

Enya lah bisa wae…
tapi maenya wae bisa hiji ulikan buktina saukur tina papatet (sastra) ?


IV

Sabab teu cukup ukur ku bukti ulikan nu ngan ukur dumasar kana tulisan sastra 
(kawas buku “Sangkakala pajajaran” (H. Setia Hidayat & N. Syamsuddin Ch.Haesy 
numutkeun Ajip Rosidi). Komo nu diluhurmah ukur tina papatet nu pondok 
(saeutik),  dina ieu bagian urang buka lalangse sabagian ulikan sunda ngeunaan 
ka-sakawayana-an. 
Dina hal elmu/realm ulikan kasundaan, kecap sakawayana aya dina tiap 
bacaan/du’a/’trigger’ kapribadian ngeunaan tangtungan kasundaan, diantarana wae 
dina : sahadat sunda, kasumedangan, karatu adilan ti gunung sunda.

1. Sahadat Sunda, 

(urang teraskeun bagian salajengna upami pareng)

=========

Baktosna
Eddy Nugraha



      

Kirim email ke