Haturan Kang,

Ceuk cenah, hiji karya budaya anu geus bisa mungkus ajen-inajen
luhurna ku seni, seni sastra khususna, eta teh kalebet karya budaya
anu luhur jeung fleksibel. Dina alam katimuran, seueur karya-karya
budaya anu luhur sapertos kitu, upamana wae: Mahabrata, jst.

Luhurna, teu kitu wae bisa dipesek ku balarea. Janten, merlukeun
kamapimpinan (dina widangna atawa kapamimpinan sacara umum)  Syarat
atawa mataholang pamimpin lebah dieu, anu penting, nyaeta integritas
(hijina ucap jeung pagaweanana) anu buleud.

Fleksibilitasna: tiasa dicandak larapanana ku kumna masyarakat luyu
jeung qadar pamahamanana sewang-sewangan (jeung, kusabab kitu,
paripolah masing-masing anggota masyarakat dina raraga eta - asal teu
ngarempag hak anu lian - eta sah-sah wae ayana, teu kudu dicap,
upamana: musyrik, mengpar, muhit kana karesep, jsb). Tegesna, anu
karek bisa ngawihkeun, nya prak ngawihkeun, anu tos tiasa mraktekkeun
leuleutikanan, nya prak geura praktekkeun, anu tiasa nyurahan, nya
kalintang saena upama eta hasil surahanana disalabarkeun ka balarea.
Masing-masing dilakukeun kalayan daria bari ditekadan ku sumbangsih
keur kamanusaan.

Fleksibilitas nu sejenna: tiasa ngigelan jeung ngigelkeun jaman.
Henteu gampang karurug ku ajaran-ajaran anyar tur anu jero-jerona
atawa falsafahna teu boga karakter - lamun henteu disebut ngaruksak -
hubungan anu harmonis antara alam-manusa-nu Nyiptana. Singgetna:
henteu babari kaleled ku ajaran-ajaran anu teu kaasup salaku bebenaran
perennial anu universal abadi tea.

Alam kaayeunaan informasi sakitu gampangna kapanggih, utamana ku
mahabuna pangaruh alam maya. Alam ayeuna oge karasa yen pangabutuh
dina raraga ngaronjatkeun hubungan kamanusaan antar bangsa (nyoko kana
asumsi yen udagan akhir masing-masing bangsa - da puguh papada manusa
tea - sarua, hayang bagja tea lahir batin), tambah ningkat. Peperenian
sakumaha anu diguar ku pengersa Kang Eddy oge Abah Surya (HR Hidayat
Suryalaga- sakumaha dina bukuna: Rawayan Jati Kasundaan), nyaeta
ngeunaan ajen-inajen anu dibungkus dina karya seni, eta hiji bahan
pikeun passing over atawa studi banding atawa ngeunteung ceuk basa
kolotna mah pikeun silih kuatkeun tea.

Jadi, upama aya anu medar hiji perkara bari karasana semu mawa bandera
atawa merek hiji ras atawa suku bangsa atawa golongan atawa ageman, ah
teu kudu jadi matak "kaduruk janggot" atawa "kateunggeul kuku" atawa
buru-buru dicap salaku keur ngelebetkeun eta bandera atawa
ngalalarkeun eta merek. Bawiraos, upama sadaya dasarna kamanusaan, tos
jelas ieuh mana anu sae, mana anu teu hade; mana anu tiasa
disandingkeun pikeun silih kuatkeun, jeung mana anu tiasa diculkeun
wae. Nyakitu tea, ari nyabit-nyabit merek mah sok matak raheut ka nu
lian. Leuheung lamun bener, kumaha upama salah larap antara merek
jeung anu (dituduh) make eta merek teh?

Aya hiji patarosan: Upama Kaizen Jepang (anu dikali tina Budhisme nu
dianut ku mayoritas bangsa Jepang) bisa ngalahirkeun bangsa Jepang anu
unggul dina sabagean gede industri, teknologi jeung paekonomian dunya
siga ayeuna; upama Hinduisme atawa ajenn-inajen sakumaha anu kapenda
dina Mahabrata oge Ramayana bisa ngalahirkeun kamajuan bangsa India
siga ayeuna; kumaha ajen inajen Sunda oge Islam di urang? Naon anu
kurang upama dina praktekna teu acan kahontal kamajuan sakumaha anu
diharepkeun? Malah diantara ummat Islam ayeuna anu tembong teh jadi
silih salahkeun, malah aya potensi jadi konflik horisontal tea? Faktor
geopolitik anu kurang ngarojong? faktor lila teuing dijajah? faktor
ajaran anu disalahgunakeun (diantarana jadi alat pikeun ngalegaan
kakawasaan, jst) sababaraha abad kaliwat? Faktor mana? Kumaha
ajen-inajen anu luhur sangkan manfaat bisa aya larapan praktekna jadi
papagon kahirupan sapopoe, boh individu atawa masyarakat ngalahirkeun
masyarakat anu ayem tengtrem, subur makmur walatra raharja sarerea?

Mangga lajengkeun Kang Eddy, oge ka baraya sadaya anu bade mairan.

manAR

On Tue, Jun 10, 2008 at 1:28 PM, Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> SASAKA SAKAWAYANA:
> mana buktina? mana saksina?
>
> IV
>
> Salah sahiji bukti tinulis ngeunaan ajen inajen ieu ajaran, ka-sakawayana-an
> aya disunda pernah diungkara diantarana dina hiji papatet. Ka-sakawayana-an
> ngahiji jeung ajaran poko kasundaan lianna, nyatana kasumedangan jeung
> kagalunggungan (ngeunaan kasumedangan jeung kagalunggungan tingali tulisan
> "tangtungan sunda eusi"):
>
> Daweung Menak Pajajaran
>
> Gunung Galungggung kapungkur
> Gunung Sumedang katunjang
> Talaga sakawayana
> Rangkecik ditengah leuweung
>
> Ulah pundung ku disungkun,
> Ulah sungkan ku diteang,
> Tarima raga wayahna,
> Ngancik di nagara deungeun.
>
> Singketna menak pajajaran mah kudu kagalunggungan (galunggung galuh nu
> agung, geus katukangan (pungkur=tukang, di Bandung jalan pungkur jalan
> tukangeun kabupaten (alun-alun ayeuna). Jadi lamun ditingal ti hareup, ti
> ieu menak teh kaciri cahayaan ngagalunggung nu mahal lir inten pohaci terus
> patala nu jadi galeuh galeuhna hiji jalma. Kasumedangana (elmu madangan
> nyaangan batur) geus katunjang katepi kacangkem tapis ngawujud dina tapak
> lacakna. (Jadi) talaga sakawayana. Tempat kahuripan, karahayuan, karongkahan
> nu nyukupan somah. talaga tempat nucaina loba, ari cai di jelema the pang
> diperlukeuna. Di sunda mah kahuripan, kajayaan, kinasihan, kawedukan,
> karongkahan, kamandirian (mencerger) sok bijil tina cai-caina hirup. Kongas
> di loba kabuyutan sok aya ci kahuripan, ciasihan, cikajayaan jeung rea-rea
> deui. (jadi) Rangkecik …..jst.
>
> Catetan: di kisunda mah ieu papatet teh kintunan Drs. H. R. Hidayat
> Suryalaga (Abah Surya), sabaraha taun kapengker - tahun 2001an. Pernah
> janten bahan obrolan (diantawisna sareng Kang Oman, haturan sun!) ngan teu
> kantos ka dongengkeun dina millis teh saha nu ngadamelna sareng iraha
> diungkarakeunana).
>
> Tina papatet diluhur, saheulaaneun, nunjukeun yen kecap Sakawayana
> dihijikeun atawa aya dina kumpulan kecap kecap nu nuduhkeun ulikan
> kapribadian kasundaan poko/utama lianna nyatana kagalunggungan jeung
> kasumedangan nu jadi cangkeman menak pajajaran.
>
> Enya lah bisa wae…
> tapi maenya wae bisa hiji ulikan buktina saukur tina papatet (sastra) ?
>
> IV
>
> Sabab teu cukup ukur ku bukti ulikan nu ngan ukur dumasar kana tulisan
> sastra (kawas buku "Sangkakala pajajaran" (H. Setia Hidayat & N. Syamsuddin
> Ch.Haesy numutkeun Ajip Rosidi). Komo nu diluhurmah ukur tina papatet nu
> pondok (saeutik), dina ieu bagian urang buka lalangse sabagian ulikan sunda
> ngeunaan ka-sakawayana-an.
> Dina hal elmu/realm ulikan kasundaan, kecap sakawayana aya dina tiap
> bacaan/du'a/'trigger' kapribadian ngeunaan tangtungan kasundaan, diantarana
> wae dina : sahadat sunda, kasumedangan, karatu adilan ti gunung sunda.
>
> 1. Sahadat Sunda,
>
> (urang teraskeun bagian salajengna upami pareng)
>
> =========
>
> Baktosna
> Eddy Nugraha
>
> 

------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke