Keur nyusun calon penelitian. Rek disidangkeun rebo 18 juni minggu isuk. Bari keukeuh we dipenta gunta ganti judul nu tangtu ngarobah eusi.
Rek rada badeur ah saeutik mah. Dina metodologina rek make metode Kirata. Sabab sihoreng eta teh sarupaning jurus pikeu napsirkeun uga. Asana katerangan eta aya dina buku Prof. Suwarsih Warnaen. Ke urang toong deui, da kudu puguh sumber nyutatna. Tapi kungsi kabaca kitu. Atuh ari napsir interpretasi mah, sawanda jeung istilah bule nu make ngaran herman tea, Hermeunetika. Aya buku Hermeunetika Sunda, tafsir pantun Sunda, karya Prof. Jakob Sumardjo. Teu make kirata, da kirata sigana dianggap heureuy, da eta, jadi di kira-kira sangkan nyata tea. Terus hiji deui, metode Bujanggamanik, pikeun ngalokalkeun narrative research nu sawanda jeung analisis deskriptif et- nu beh dieu sawanda oge -kurang leuwih- jeung Fenomenologi. Pan Bujanggamanik oge, kitu, ngumbara ka sakuliah pulo jawa jeung bali terus nuliskeun naon nu kapanggih kalayan jentre rinci.

