Kuriak teh sigana moal nepi ka anggeusna pisan euy, dua lantey. Padahal geus
kacipta di loteng, si kuring boga rohangan sorangan pikeun udud, ngeutik,
ngalukis, jsb, teu nganggu nu boga imah, indung budaks. Sabab waragadna
estuning tekors. Heuheu. Diupayakeun sangkan murah ge hese. Sabab can wani,
cenah besi tulangan beton bisa diganti ku awi. Tapi can wani make. Beusi
beton naek. Sagala rupa naek. Nuhun we ka juragan sby, bersama kita bisa,
bisa naon nya? Heuheu. Bisa nyieun imah sapotong, bari hutang salaput hulu.
Heuheu. Ari awak mah teu ngabegangan, anggeur we 65kg. Ngan huis nambah.
Sigana pedah eusi sirah tara dipake. heuheu.

 

Model imah si kuring teh biasa wae kitu. da ari imah mah nu penting jerona.
Sanajan sok aya nu ngaliwat hiji imah sok nyebut, "imah teh alus euy!"

Eta mah kesan visual tea. Teu beda jeung nenjo lukisan atawa istri nu geulis
meureun. Heuheu. Padahal ari nu ngaran imah atawa wangunan mah, alus teu
alus, aya di jerona, enya, pangalaman make atawa ngeusian imah. Ngeunah
henteuna. Sanajan tangtuna pikeun urang mah unsur adaptasi jeung paktor
kabiasaan teh kacida kuatna. Imah atawa rohangan kumaha oge bisa ngeunaheuna
atawa dingeungeunah. Enya kudu kitu, sangkan hirup bisa tetep sugema. Aya
sikap permisif atawa ngamaklum, narima kaayaan atawa kanyataan. 

 

Gagasanana jerona mah ti model kampung. Maksudna, aya jalan satapak jeung
aya paimahan. Rohangan boga gang atawa salasar/koridor. Ideu ieu teu
orisinal tangtuna. Rohangan nu siga gang atawa jalan satapak dipisahkeun ti
rohangan2 sejen, keur mah lebarna 8 meter, jadi dibagi we 3 2 3. 3 pikeun
rohangan2 fungsional, siga ruang tamu, kamer sare (enggon), 2 minangka jalan
satapakna, di tengah. Jadi pikeun lalu lintas teu nyoceng rohangan sejen. 

 

Biasana rohangan imah karasa heurin, salian ti milih parabotna nu teu cocog
jeung gedena rohangan, cara imah tipe 36 atawa ruang tamu 3 x 3 make parabot
mebel nu full ukiran, tangtu bakal jadi heurin tah rohangan teh. Salian ku
parabot kitu nu biasana garendut, oge ku ayana ukiran, tetenjoan atawa
deudeuleuan (visual) jadi pinuh. Heuheu. 

 

oge alatan rohangan pikeun sirkulasi manusa atawa lalar liwat pangeusi sok
digabung jeung rohangan2 fungsional (nya siga ruang tamu sawareh dipake
pikeun lalar liwat ti panto asup ka jero, jsb). Mun digabung kitu, rohangan
kudu dileuwihan cenah mah minimal 20%. 

Kirim email ke