sami sami teh (?)Ika....
yaktos... mugia  tiasa keneh kasaksen ku kajamanan leres (henteu)na
eta wangsit teh... 

salamualaiki.



--- In [email protected], ika sukma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Eddy, 
> Hatur nuhun ku artikelna...leres pisan...perkawis eta...teh...
> sing pribados...sakieu buktosna..budak kamari sore...
> sanes nyanyahoanan...tapi numutkeun perjalanan..hirup jeung hurip...
> geuning rasa aya penerangan...beuki dieu...
> sok janten emut..ka wangsit..prabu siliwangi...nu bagian...budak
angon...
> ngabuka-buka...dapur...ti dapur jadi salembur..nu kitu tea..tah...
> tapi ...duka atuh...perkawis eta mah..uih deui..kana
persepsi...urang masing-masing...
> mugiya...sadayana aya dina jembar hate, sugih
mukti...rahayu...maju...luar dalam na...amin. 
> baktos, 
> 
> 
> 
> ----- Pesan Asli ----
> Dari: Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]>
> Kepada: [EMAIL PROTECTED]; [email protected]
> Terkirim: Selasa, 10 Juni, 2008 13:20:12
> Topik: [Urang Sunda] SASAKA SAKAWAYANA: SAKAWAYANA KAMI SAKUMAHA
EUY? DIMANA SASAKANA? (I)
> 
> 
> Para wargi ki sunda haturan?... neda widi sim abdi seja ngiring deui
aub di kisunda….lami pisan teu tiasa ngapung ka milis…. ku margi
instruksi PANGAB(utuh)… teu tiasa silaturahmi sareng kawargian
sadayana..
> 
> Alhamdulillah gening kisunda tambih kaseungitan ku wargi wargi - boh
nu lami boh anyar sumping - nu nambih nambih langkung euyeubna milis. 
> 
> Kasadayana wae assalamualaikum ….sun.
> 
> Tawis silaturahmi ka sadayana…nyanggakeun kutrat-kotret kampung
manawi janten iloeun.
> 
> Baktosna
> Eddy Nugraha
> 
> =======
> 
> Kalam kasundaan:
> 
> SASAKA SAKAWAYANA: 
> SAKAWAYANA KAMI SAKUMAHA EUY? DIMANA SASAKANA?
> 
> Eddy Nugraha
> 
> PANGANTEUR
> 
> I
> Sasaka Sakawayana. 
> 
> Kecap sasaka masih keneh asup kana entri kamus sunda nu hartina
TIHANG atawa lulugu, aya oge nu nyebut pusaka ( kamus umum basa sunda
LBSS). Ari sakawayana mah asana ku para ahli basa sunda formal ayeuna
geus teu diasupkeun kana entri kamus atawa ensiklopedi sunda (Naha nya??) 
> 
> Dina ayana oge, kecap sakawayana teh disambungkeun atawa aya
hubungana jeung saukur ngaran nami gelar luluhur pajajaran teureuh
talaga manggung baheula kongas kasebat Batara Sakawayana buyutna Prabu
Niskala Wastukancana ti Ajar Kutamangu Kusumalaya sareng Ratu
Simbarkancana (tingal diantawisna sajarah Jawa Barat nu dikempelkeun
bahan-bahana ku Drs. Yoseph Iskandar) atawa ngeunaan sababaraha tempat
di tatar sunda (misalna wae di sumedang jeung, nu geus teu bireuk mah
nya, daerah Sakawayana di Sukabumi kidul). 
> 
> Sakawayana â€"dina logat lokal sok jadi sokawayana- boga harti:
kahiji, tina kecap sakawaya(H)na. diwancah jadi saka-wayahna,
saka-waktuna (ieu pamendak , salah sahijina, katampi ti salah sawios
inohong sunda Drs. H.R. Hidayat Suryalaga, waktos anjeuna cumarios di
bumi wargi dina raraga milangkala tepang taun â€" taunan kapengker).
Harti kadua, nurutkeun basa urang kampung sapopoe sakawayana teh tina
kecap sa-kawaya-na ari kawaya teh hartina SABUK, BEUBEUR, EPEK. Jadi
lamun geus dicalana dibaju memeh indit saged rek kaluar teh sok
nyarita kieu “ke atuh rek dikawaya heula” maksudna calanana rek
dibeubeuran heula ameh teu morosot jeung leuwih pantes. 
> 
> Tangtu geus pada terang yen guna na kawaya salian ti
‘accessories’ nu rupa-rupa model warna jeung bahanna supaya pantes
(sakaresepna, sakahayangna) , oge pakeun nyangcang calana supaya teu
morosot/pas dina cangkeng da bisa diatur ku nyangreudna (ayeuna mah
aya liangan) ameh aurat handapeun beuteungna (karesep, kasusah,
kangeunah, kaerana nu dibabawa jeung ngilu) teu kaciri lain dina
waktuna. Ari cangkeng utamana ngagedean ngaleutikanana kumaha beuteung
sedengkeun beuteung nya kumaha eusi peujitna; aya nu leutik, gede nepi
ka burayut nu ditangtukeun ku kabutuh pakeun hirupna (kayaning rupa
rupa hakaneun jeung rea henteuna nyatu), jeung kabetah jelema salira
hirupna (nu teu daek olah raga mah ku dahar wae teh beuteungna jadi
burayut moal tuluy boga beuteung rata ‘six pack’ tuluy, da geus
betah dina haroream ngusikeun awak). Jadi, kawaya mernahkeun calana
(sakabutuhna, sakabetahna, sahirupna, sahuripna) supaya pas merenah
alus ditiap cangkeng
> masing masing jalma nu bisa ngagedean /ngaleutikan -bari beda-beda
ukuran (liang) kawayana- sabab tiap jelema ukuran beuteung
(kabutuh/kabetah) eusi peujitna teu sarua jeung teu angger saban wayah
saban waktu (saka-wayahna) . 
> 
> Ana kitu, hususna dina ulikan kapribadian di sunda, sakawayana boga
harti sakabutuhna sakabetahna sahirup huripna masing masing (boh batur
boh sorangana). Sedengkeun Sasaka sakawayana hartina tihang lulugu
pusaka nu nahan nu ngauban nu nyaangan nyaharaan hirup hurip nu
kumelip nurutkeun sakabutuhna sakabetahna sakadaekna sahirupna
sahuripna saban wayah saban waktu sawayahna sawaktuna. 
> 
> II
> Ari sakawayana maneh sakumaha? kumaha nihanganana, ngaubanana,
nyukupanana? 
> 
> Naha bet natanyakeun kitu? 
> 
> Ih …. cik atuh peupeuriheun salila hirup ukuran kawaya (kabutuh,
kabetah jrrd) sorangan the embung ge… dialukur batur wae
(leuleutikanana diomongkeun, …. bari can tangtu bener ngukur
dewek… da batur mah ngukur kawaya urang the aya pambrihna (moyok we
mun ngewaeun komo asa kasoro mah, muji mun resepeun eta ge pedah
sakabeuki sakabetah), lamun sorangan bisa ngukurna mah meureun genah
… da nu sorangan ukuran sorangan. Moal cilaka katideresa dicalana
morosot katingali kanjut ku batur lain wayah, arek ge make model
morosot siga budak ayeuna taya bayana da nyaho bisa keneh katahan ku
bujur sorangan teu kudu ku bujur batur… 
> 
> Lamun geus nyaho kawaya sorangan meureun bisa ngarasakeun ngahargaan
kawaya batur nu oge baroga masing-masing malah (mun bisa mah) daek
wani nyaho ngauban nihangan nyukupan (jadi sasaka) kawaya batur. 
> 
> Euleuh…euleuh …gampang nyarita (nulis…he..he) na kumaha
nihangan, ngauban, kawaya batur ? meureun kudu apal liang, apal bahan,
nyaho warna, nyaho model, nyaho kakantet kabutuh batur, jeung kumaha
mikeuna ameh teu asa leungiteun nu sorangan? Kumaha nalianana ameh
batur teu asa dipaksa dicangreud? Ameh bisa sa kabutuhna sakaresepna
sahirup huripna. Lamun henteu da boro boro daek narima komo tumarima,
nu aya mah meureun asa kacekek atawa angger susah era calanana
morosot. Jeung mana atuh Sasakana pakeun nyukupan ngauban nihangan
kawaya the? boh nu di aing boh nu di batur?
> 
> Saluyu jeung ‘inquiry’ diluhur, Ieu tulisan rek nganepikeun yen
disunda (baheula) ajaran atikan nu geus masagi ngeunaan Sakawayana
jeung Sasakana mangrupakeun hiji ulikan poko dina ulikan kasundaan
(baheula) nu diajarkeun diwariskeun turun manurun supaya dijadikeun
tangtungan seuweu siwi. 
> 
> Wah….mana saksina aya ajaran di sunda kawas kitu? Mana buktina?
Tong asal nyarita tong sok kikirataan (dinyata nyata ku kira-kira)….
(teu usum komo dijaman alam pikiran jelema nu kagedenakeun na
(lolobana) ku pola pikir positivis mungkul). 
> 
> =====
> 
>  
> 
> 
>       Yahoo! Toolbar kini dilengkapi dengan Search Assist. Download
sekarang juga.
> http://id.toolbar.yahoo.com/
>


Kirim email ke