Loba pisan kecap nu asalna tina basa Walanda, da puguh sejarahna 350 tahun dijajah ku Walanda. Kecap basa sunda "pakanci" oge diinjeum tina basa walanda "vacantie", basa inggrisna ge meh sarua "vacation", nu hartina pere tina pagawean kantor nu sisebut "cuti" tea, waktuna dipake ulin ngabrangbrangkeun hate jeung pikiran nu sapopena cape mikiran pagawean kantor, supados rengse pakanci awak seger deui, digawe sumanget deui. Pere saptu jeung minggu tara disebut pakanci, eta mah "week end" naon atuh basa sundana? da tara aya nu nyebut "seep minggon", aya oge istilah "seep sasih". Kecap pakanci geus jarang dipake, naon sababna? Sabab kanyataanana loba nu cuti tara dipake ulin/piknik, tapi dipake keur bisnis tambahan atawa kuriak, atawa urusan keluarga, atawa nungguan nu gering diponame di rumahsakit. Beres cuti awak lain seger tapi cape nu aya. Digawe masih kurang semangat da puguh cape, malah asa kurang da kuriakna can anggeus. InsyaAllah, sim kuring sakulawarga bade cuti di Bandung jeung sabudeureunana ke waktosna liburan musim panas 21 Juli dugi ka 21 Agustus. Barudak tos sono saurna. Ari nu kieu cuti atanapi pakanci?, sabab disebut ulin da teu pati bener ulin, urusan keluaga oge aya benerna. Ngan mudah mudahan bisa ngalubarkeun kasono nu geus aya taunna. Wasalam Kang Trias

