Ke urang korehan di komput imah. Dinu pangulinan mah lebeng, aya ge gambar
imah kang Hermawan Aksan -wartawan Tribun jeung sastrawan-, terus imah kang
Hawe Setiawan, pemred Cupumanik. (nu gambarna aya di multiply tea, pitaloka
jeung bumi gilang). Koridor lalar liwat bisa dipake nyimpen lomari pendek
(credenza atawa bufet cek urang mah, rak buku, jsb). Teu ngan ukur jadi
jalan tol. 

 

 

Enya kang Dian, di batur mah kitu. kavling pikeun imah teh dikali jero siga
balong. Terus dipasang dak beton-baheula mah ku kai- pikeun lantey dasar
imah.

ayeuna di bdg tos aya sababaraha bumi model kitu, pikeun parkir mobil.
Efisien rohangan, ngan waragad kudu nambah, pikeun biaya ngali –meh tereh
mah make backhoe nya-, miceun taneuhna, terus ngabeton sisina-full beton
sakurilingna sangkan weweg. Di Bdg aya the cellar, ngaran café tapi. Hehe.
Cellar eta gudang oge tempat nyimpen anggur cenah nya. Di asrama danida.dk
baheula mah, basement teh dibagi ka common room, game room (lapang pingpong,
bilyard), ruang tv, garasi sepedah, jeung tempat nyeuseuh make mesin.
Basement biasana aya jandelaan luhureun pisan taneuh. Eh, jadi inget, Gedong
Sate oge kitu. Aya basementna. Tapi rada pendek dibanding rohangan lantey
dasar. 

 

 

 

Kirim email ke