Memang anu penting dina kuriak teh..eta pangrancangan waragad....kanggo nangtoskeun satregi ngalaksanakeun pangwangunan....Mun tos erang 2 lantey...kantun wae ..sabaraha meter pasagi luasna...teras dikinten2 waragadna..gumantung kana tipe konstruksi..saderhana....ekonomis tapi biasa..atanapi luks...Leres ari bumi 2 lantey mah..tihang2 beton..anu kedah leres2 dietang2..nah bade nganggo ringbalk panjang atanapi pondok ..nagtoskeun jumlah tiang...ari ringbalk panjang oge awis pisan...komo mun beusina kedah ukuran 16 mah...Teras setarategi na oge kedah ditangtoskeun heula..bade Bottoms up atanapi frame and top daown (nanahaon Sundana teh nya)...kaleresan abdi oge bade kuriak..tapi renovasi..ari rerencangan ngabangun nganggo staregi bottoms up....waragadna kirang...tinggal wae tembok bangunan sareng rangka kayu..tangpa kenteng....ayeuna kayuna..rada bobo....Ari ditaros kumaha ngabangun teh...sakedik deui kantun kolam renag na.....
On 6/10/08, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > MJ, > mana gambarna, sakalian sugan bisa rek ditiron...hehehe > > jadi inget. Ngobrol jurus tiron eta disumangetan ku mantan rektor ITB, Prof > I. Alisyabana. > Alhamdulillah jadi wawuh sareng anjeuna. Malah mun ka BUmina di > Ciumbuleuit, kuring eumindeng dipapatahan (pasna mah dicarekan da bari > ngagebragan meja) ngenaan lobana timuan bangsa ieu anu akhirna teu bisa > dipake. Ceuk anjeuna, mening keneh niron bae. Jelas geus kaujina. > > Salah sahiji produk niron nyaeta SKSD. Anjeuna niron eta ti MIT make copy > leave movement, lain copy right. > 'Hatur nuhun Mang J, > > Tantan > > On Tue, Jun 10, 2008 at 2:20 PM, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > >> Kuriak teh sigana moal nepi ka anggeusna pisan euy, dua lantey. >> Padahal geus kacipta di loteng, si kuring boga rohangan sorangan pikeun >> udud, ngeutik, ngalukis, jsb, teu nganggu nu boga imah, indung budaks. Sabab >> waragadna estuning tekors. Heuheu. Diupayakeun sangkan murah ge hese. Sabab >> can wani, cenah besi tulangan beton bisa diganti ku awi. Tapi can wani make. >> Beusi beton naek. Sagala rupa naek. Nuhun we ka juragan sby, bersama kita >> bisa, bisa naon nya? Heuheu. Bisa nyieun imah sapotong, bari hutang salaput >> hulu. Heuheu. Ari awak mah teu ngabegangan, anggeur we 65kg. Ngan huis >> nambah. Sigana pedah eusi sirah tara dipake. heuheu. >> >> >> >> Model imah si kuring teh biasa wae kitu. da ari imah mah nu penting >> jerona. Sanajan sok aya nu ngaliwat hiji imah sok nyebut, "imah teh alus >> euy!" >> >> Eta mah kesan visual tea. Teu beda jeung nenjo lukisan atawa istri nu >> geulis meureun. Heuheu. Padahal ari nu ngaran imah atawa wangunan mah, alus >> teu alus, aya di jerona, enya, pangalaman make atawa ngeusian imah. Ngeunah >> henteuna. Sanajan tangtuna pikeun urang mah unsur adaptasi jeung paktor >> kabiasaan teh kacida kuatna. Imah atawa rohangan kumaha oge bisa ngeunaheuna >> atawa dingeungeunah. Enya kudu kitu, sangkan hirup bisa tetep sugema. Aya >> sikap permisif atawa ngamaklum, narima kaayaan atawa kanyataan. >> >> >> >> Gagasanana jerona mah ti model kampung. Maksudna, aya jalan satapak jeung >> aya paimahan. Rohangan boga gang atawa salasar/koridor. Ideu ieu teu >> orisinal tangtuna. Rohangan nu siga gang atawa jalan satapak dipisahkeun ti >> rohangan2 sejen, keur mah lebarna 8 meter, jadi dibagi we 3 2 3. 3 pikeun >> rohangan2 fungsional, siga ruang tamu, kamer sare (enggon), 2 minangka jalan >> satapakna, di tengah. Jadi pikeun lalu lintas teu nyoceng rohangan sejen. >> >> >> >> Biasana rohangan imah karasa heurin, salian ti milih parabotna nu teu >> cocog jeung gedena rohangan, cara imah tipe 36 atawa ruang tamu 3 x 3 make >> parabot mebel nu full ukiran, tangtu bakal jadi heurin tah rohangan teh. >> Salian ku parabot kitu nu biasana garendut, oge ku ayana ukiran, tetenjoan >> atawa deudeuleuan (visual) jadi pinuh. Heuheu. >> >> >> >> oge alatan rohangan pikeun sirkulasi manusa atawa lalar liwat pangeusi sok >> digabung jeung rohangan2 fungsional (nya siga ruang tamu sawareh dipake >> pikeun lalar liwat ti panto asup ka jero, jsb). Mun digabung kitu, rohangan >> kudu dileuwihan cenah mah minimal 20%. >> > > > > -- > tantan hermansah | SM 1270 > > >

