Kang, kuat ka murudul eta "dalil" hehehe. Ngan asa beda nya jeung katerangan anu katarima ku kuring di milist anu sami madungdengkeun ngeunaan Imam Mahdi. Anu kapanggih ku kuring mah di milist eta kieu:
Imam Mahdi teh Imam ka-12 turunan Rosululloh saw. Jenenganana: Muhammad bin Hasan Al Askari bin Ali Al Hadi bin Muhammad Al Jawad bin Ali Ar Ridho bin Musa Al Kadzim bin Ja'far bin Muhammad Al Baqir bin Ali Zaenal Abidin bin Husen ra bin Ali ibn Abi Tholib kw atawa binti Fathimah Az Zahra (puteri Rosululloh saw) binti Muhammad (Rosululloh) saw. Tah kitu. Janten sanes urang Mirza Ghulam Ahmad eta Imam Mahdi teh. Mangga geura etang, pas 1ka-12 ti Rosululloh saw. manAR On Thu, Jun 12, 2008 at 5:07 PM, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sadkar: Ahir Zaman - bagian kadua > > *B. Numutkeun Hadits.*1. Dawuhan Rasulullah saw: > > > > 4. Yen anu baris sumping diutus teh mung saurang. Jadi moal duaan > babarengan, nya Imam Mahdi nya Nabi Isa, dina hiji wujud. > > Dina riwayat Bukhari dina tafsirna, aya katerangan, dawuhan Rasulullah saw > > /'An Anasin r.a. qola Rosulullohi saw 'ashobatun taghzul-Hinda takunu > ma'al Mahdiyyi ismuhu Ahmad.(Bukhari)/ > *(Ti Anas r.a.) dawuhan Rasulullah saw: Bakal kaluar rombong-an pajuang > Islam ti tatar India dina pingpinan Imam Mahdi, nu ngaranna Ahmad.* > > Tina ieu Hadits urang terang: > > 1. Yen Imam Mahdi bakal gelar di India. > > 2. Yen Imam Mahdi mingpin golongan pajuang-pajuang Islam. > > 3. Yen jenengan Imam Mahdi teh Ahmad. (Nu didawuhkeun ku Rasulu-llah > dina Hadits nu ti payun memper jenengan anjeunna tea). > > 4. Yen Imam Mahdi teh sanes jenengan jinis, nanging ngaran kapang-katan. > > Dawuhan Rasulullah saw (dina Kitab Al-Jawahirul-asror kaca 56 sareng > dina Kitab Hujajul Karomah kaca 358) kieu > > /Yakhrujul-Mahdiyyu min qoryatin yuqolu laha Qad'ah. (Hujajul Karomah > kaca 368)/ > *Bakal kaluar Imam Mahdi ti hiji desa nu ugaranna Qad'ah. > * > > Ku pertulungan Hadits-hadits ieu terang ka urang, yen Nabi Isa nu baris > sumping di ahir zaman, anu oge disebat Imam Mahdi tea, sanes Nabi Isa > Israili nu baheula, nu urang Nazaret, nabina kaom Nasrani. > > Nanging sok sanajan Imam Mahdi pada ngarep-ngarep, dina seuhseuhanana > anjeunna sumping mah, pasti moal ditarima, pasti moal diarangken, malah > pasti bakal disatru. Sarta kitu buktina oge. > > Memang parantos digariskeun ti dituna, sakumaha kasauran Syekh Muhyiddin > Ibnu-l-Arobi dina kitabna Al-Futuhatul-Makiyah: > > /Idza khoroja hadzal-Imamul-Mahdiyu, falaesa lahu 'aduw-wun mubinun > illal-fuqoha-u khoshshotan.(Al Futuhatul Makiyah)/ > *Dimana gelar Imam Mahdi bakal dipimusuh terang-terangan ku para ahli > fiqih.* > > Urang kantun milih. > > Naha bade tumut kana parentah Rasulullab saw, be'at ka Imam Mahdi ? > Atanapi bade ngiring sareng ahli fiqih, ngamusuh Imam Mahdi atanapi > Masih Mau'ud (Almasih nu dijangjikeun ku Rasu]ullah saw baris sumping di > ahir zaman). > > > ------------------------------------ > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > Yahoo! Groups Links > > > >

