Sadkar: Ahir Zaman - bagian kadua
*B. Numutkeun Hadits.*1. Dawuhan Rasulullah saw:
/Taqumus-sa’atu war-Rumu aktsaronnasi. (Muslim juz 2 bab Kitabulfitan)./
*Baris ngadeg kiamah dimana urang Rum geus jadi pangeusi dunya panglobana.*
Kecap urang Rum dina hadits ieu, numutkeun pamendak ahli Islam, maksadna
umat Nasrani.
Dina Kitab Hujajul-Karomah kaca 335 aya katerangan : Ieu tanda enggeus
bukti, karana kaom Nasrani geus nyebar sarta kumawasa di sabagian gede
nagara-nagara dunya.
2. Dawuhan Rasulullah saw:
/Bada-al-Islamu ghoriban wa saya’udu ghoriban. (Ibnu Majah)./
*Mimitina Islam teh saperti anu ngumbara, engkena baris cara nu ngumbara
deui.*
Cara nu ngumbara di dieu, maksadna taya nu malire, taya nu ngabela.
Baheula, alam munggaran kitu; di ahir zaman oge bakal kitu. Naon margina?
Lantaran manusa di ahir zaman teu pati mentingkeun urusan agama. Nu
dipentingkeun sareng nu jadi tujuan hirupna teh mung urusan kadunyaan
malulu. Kabeungharan, kahormatan sareng kalungguhan kadunyaan.
3. Dawuhan Rasulullah saw:
/Wa yaktsiru waldu-z-zina. (Hujajul-Karomah, ti Abu Hurae-rah)./
*Bakal loba anak ladang zinah.*
Hadits ieu maparin gambaran ka urang, yen di ahir zaman bakal seueur
perzinahan, bakal seueur palacuran.
Ngandung hartos oge bakal seueur wanita-wanita tuna susila (WTS).
4. Dawuhan Rasulullah saw:
/Wa yaktsiru syarbul-homru./
*Bakal loba nu nginum inuman keras.*
Ku emutan ieu ge ayeuna parantos nyata
5. Dawuhan Rasulullah saw:
/Wa yaktsiru-maesaru./
*Bakal loba aben-abenan.*
Tanda ieu mah ceuk emutan paling nembrak, kasaksi ku sadayana. Ti
kota-kota parat ka desa-desa. Tembus ka lembur-lembur nu singkur.
6. Dawuhan Rasulullah saw
/Wa taktsirul-fahsya-u. (Hujajul-Karomah, dicarioskeun ku Ibnu Abi Saibah)./
*Bakal loba kajahatan.*
Nubuatan ieu oge kiwari parantos bukti. Ti kajahatan nu pang entengna
dugi ka nu pangabotna. Nyopet, ngajambret, todongan, maling, ngagarong,
ngarampog, maehan, korupsi, ngabajag (didaratan, di lautan, di angkasa),
peperangan, silih begalan pati parebutan kakawasaan. Sareng
pirang-pirang nu sanesna.
Dimana-mana; di unggal nagara.
Di sagala bangsa.
Ti nu pangbodona dugi ka nu pangpinterna.
Ti golongan rendah dugi ka golongan luhurna.
Tug dugi ka kaom agamawan, anu pipanteseunana mah tukang mapatahan kana
kahadean.
Tug dugi ka para panegak hukum, anu pimeujeuheun kudu jadi
panyalindungan balarea.
Unggal dinten suratkabar-suratkabar ngamuat rupi-rupi kajadian nu jadi
bukti.
7. Dawuhan Rasulullah saw:
*Bakal bebas pergaulan lalaki jeung awewe.*
Sadidinten nembongkeun bukti ka urang, kanyataan nubuatan ieu.
8. Dawuhan Rasulullah saw:
/Ma ajladuhu, wa ma adhrofuhu, wa ma a’qoluhu, wa ma fi qolbihi mitsqolu
habbatin min khordalin min iman. (Tirmidzi, dicarioskeun ku Huzaifah
ibnul-Yaman)./
*Ki Anu dipuji leber wawanen, dipuji manis budi parangina, dipuji
kapinteranana, padahal teu boga iman saeutik-eutik acan.*
Mung ukur sae luarna.
Nanging nya nu kitu nu dipuji ku manusa ahir zaman. Nya nu kitu nu
disanjung diangkat jadi pamingpin.
Ana ninggang ka nu leres-leres teu ngagaduhan iman, temahna nya
ngarugelkeun. Gawena teu leres, ngareksakna pohara.
9. Dawuhan Rasulullah saw:
*Di ahir zaman nu barodo bakal nangtung di hareup, dina hal da’wah agama.*
Bodo numutkeun ajen ukuran kadunyaan.
10. Dawuhan Rasulullah saw:
*Jalma-jalma anu iman (mu’minin) baris dihinakeun alah batan budak beulian.*
Dihina, dicarekan sakama-kama, disatru, teu diwawuhan, malah diusir.
Panginten moal benten ti kaayaan nu ariman zaman munggaran baheula,
zaman jumeneng Rasulullah saw di Mekah.
11. Dawuhan Rasulullah saw
*Wanita di ahir zaman, najan make papakean, tapi sarua jeung
ditaranjang. (Musnad Imam Ailmad bin Hanbal, ti Ibnu Abbas).*
Panginten pedah panganggona ipis ngalangkang, dugi ka salira na masih
atra katingali.
Atanapi pedah panganggona teu nutupan orat-orat kawanitaan sakumaha
kedahna. Tembong bitis, tembong pingping, tembong dada, tembong tonggong.
12. Dawuhan Rasulullah saw
*Awewe bakal niru-niru lalaki, lalaki bakal niru-niru awewe.*
Moal sesah ngabuktikeun.
Tetela ayeuna parantos nyata.
Dugi ka sakapeung matak kaliru, naha eta teh awewe? Naha eta teh lalaki?
13. Dawuhan Rasulullah saw:
*Awewe di ahir zaman bakal ngareka buukna saperfi subaka onta. (Musnad
Imam Ahmad bin Hanbal).*
Ari subaka onta teh eta nu ngagenduk cara hunyur.
14. Dawuhan Rasulullah saw
*Awewe bakal campur babarengan jeung lalaki dina widang perdagangan.
(Hujajul-Karomah).*
Dina hal ieu tiasa oge dihartoskeun, yen wanita di ahir zaman ngahaja
didamel alat pamikat dina widang perdagangan. Ngarah kajojo ku kaom pria.
Panginten nu disebat pramuniaga.
Atanapi waitres kiwari.
Malah apan di kantor-kantor perusahaan oge sok ngahaja milari juru tik
wanita atanapi sekertarese.
15. Dawuhan Rasulullah saw
*Di ahir zaman bakal timbul panyakit anu ngagentak ngabinasa jiwa
manusa. (Hujajul-Karomah ti Ibnu Abi Saibah ti Mujahid).*
Nu kitu teh tiasa jadi akibat seueur ngaleueut inuman keras, anu
ngareksak dayana jantung sareng uteuk.
16. Dawuhan Rasulullah saw
/Wa layutrokunnal-qilasu, fala yus’a alaiha. (Muslim)./
*Onta-onta bakal dikencar, geus teu dipikabutuh.*
Maksadna, onta teu dipikabutuh kanggo tutumpakan dina nyanyaba-an.
Tangtos lantaran aya gentosna, tutumpakan anyar.
17. Dawuhan Rasulullah saw:
*Di ahir zaman bakal loba jelema nn ngagunakeun duit renten. (Dailami ti
S. Ali).*
Kiwari urang nyaksian, sagala widang kahirupan, hususna pisan widang
pausahaan, henteu sepi tina pakuat-pakait sareng urusan renten.
18. Dawuhan Rasulullah saw:
/Idza-t-tukhidzal-fae-u diwalan, wal-amanatu maghriman, wa tu’ullima
lighoiriddin, wa atho’arrujulu-m-roatahu, wa aqqo ummahu, wa adna
shodiqohu, wa aqsho abahu, wa zhoharotil-ashwatu fil-masajidi, wa
sadalqobilata fasiku-hum wa kana1-zaimul-qaomi ardzalahum, wa ukrima-r
rujulu makhofata syarrihi, wa zhoharotil-qoenatu, wal ma’azifu, wa
syuribatil-khumuru, wa la’ana akhiru had-zihil-ummati awwalaha;
fartaqibu inda dzalika rihan hamro-an, wa zalzalatan, wa khosfan, wa
maskhan, wa qodfan, wa ayatin tataba’a kanidomin quthi’a silkuhu
fatataba’a. (Misykat : 471, dicarioskeun ku Tirmidzi ti Abu Huraerah)./
*Dimana duit pajeg geus dianggap cara harta nu murag awur-awuran
(panginten maksadna: saha nu mulung eta nu ngadahar), jeung dimana
amanat geus dianggap harta gonimah (panginten maksadna: saha nu nampi
eta nu ngadahar, teu didugikeun ka nu hak nampina), jeung di mana zakat
geus saperti dengdaan (panginten maksadna:teu hideng mayar, dugi ka
kedah dipaksa, sapertos anu disita), jeung dimana jalma-jalma giat balap
nyiar elmu tapi lain keur kaperluan agama, jeung dimana lalaki tunduk
sieun ku bojona, jeung dimana jelema loba nu pegat hubungan jeung
indungna (ngajeunkeun sareng ngantep, teu miara kapentingan hirupna),
jeung dimana malah leuwih raket jeung babaturanana, jeung jauh ti bapana
(panginten nu dimaksad teh: langkung akrab, langkung silih hormat, silih
belaan sareng sobat-sobatna tibatan ka ibu-ramana), jeung dimana geus
teu aya kahidmatan di masjid-masjid, jeung dimana nu jadi pamingpin
kabilah (kaom) jelema nu pangjahatna di antara maranehanana, jeung
dimana nu jadi pamingpin bangsa saenyana nu paling lemah imanna, jeung
dimana dihormat salahsaurang pedah dipikasieun ku kajahatanana, jeung
dimana biduan/biduanita geus nonjol moyan meunang kahormatan, jeung
dimana geus dipupujuhkeun ngeunaan urusan hiburan jeung dimana geus loba
nu nginum inuman keras (geus dianggap lumrah), jeung dimana generasi nu
pandeuri neumbleuhkeun sagala kagorengan ka generasi heulaeun-ana;
inget, lamun eta kabeh geus kajadian, dagoan ku maraneh, bakal datang
angin beureum (tiasa jadi maksadna angin anu ngabinasa, topan), bakal
campuh loba lini, bakal loba tanah-tanah longsor, bakal robah beungeut
jelema jadi leuwih goreng batan asalna (panginten lantaran panyakit, boh
cacar, boh panyakit kotor; atanapi korban kacilakaan), jeung hujan batu
(tiasa jadi maksadna peperangan, nu murag-muragkeun bom), jeung
rupa-rupa tanda sejenna, patutur-tutur, murudul, cara. kongkorong pegat
talina.*
19. Dawuhan Rasulullah saw:
/La yabqo minal-Islam illa ismuhu, wa la minal-Qurani illa rasmuhu,
masajiduhum amirotun wa hiya khorobun minal-huda, ‘ulama-u-hum syarrun
man tahta adimi-s-sama-i wa min ‘indihim takhrujul-fitnah, wa fihim
ta’udu. (Al-Baihaqi)./
*(Di ahir zaman) Islam ngan kari ngaranna, Quran ngan kari tulisanana,
masjid-masjid maranehanana bakal aralus tapi kosong tina pituduh, ulama
maranehanana bakal jadi golongan nu pangjahat-jahatna di kolong langit,
tukang nyebar-nyebarkeun fitnah, anu temahna bakal malindes ka
maranehanana, tamiang meulit ka bitis.*
Dina sumber sanesna kaunggel:
Dawuhan Rasulullah saw:
/Ya’ti ‘alannasi zamanun la yabqo minal-Islami illa-s-muhu, wa la
minaddini illa rasmuhu, wa la minal-Qurani illa darsuhu, ya’muruna
masajidahum wa hiya khorobun ‘an dzikrillahi, asyarru ahli
dzalika-z-zamani ‘ulama-u-hum, minhum takhrujul-fitnatu wa ilaihim
ta’udu; wa ha-ula-i alamatul-qiyamah. (Durrotunnashihin: 157 ti Ali bin
Abi Tholib)./
*Bakal datang ka manusa, zaman, anu dina zaman eta Islam ngan kari
ngaranna, agama ngan kari merekna, Quran ngan kari bacaanana,
masjid-masjidna mah dialus-alus, tapi kosong tina dzikir ka Allah,
pangjahat-jahatna manusa di zaman eta “ulama” maranehanana, ti
maranehanana kaluar pirang-pirang fitnah, anu eta fitnah-fitnah teh
bakal malindes manjing di diri maranehanana; hal ieu kabeh jadi tanda
ngadegna kiamah.*
20. Dawuhan Rasulullah saw
/Inna limahdiyyina ayataeni, lam takuna mundzu kholqi-s-samawati
walardhi, yakhsiful-qomaru li-awwali laelatin min romadhona, wa
tankasifulsy-syamsu fi-n-nishfi minhu./
*Tanda sumpingna Imam Mahdi aya dua rupa, anu acan kajadian salila
ngadeg langit jeung bumi, nya eta kahiji samagaha bulan dina peuting
mimiti bulan Puasa, jeung kadua samagaha panonpoe dina tengah-tengahna
bulan eta keneh.*
Hadits ieu luyu sareng firman Allah Swt dina Quran Surah Al-Qiyamah ayat
7-9, sapertos anu parantos dipidangkeun di bagian tipayun.
Malah sapagodos sareng Injil Matius pasal 24 ayat 29, anu kieu unggelna:
*Maka sejurus kemudian dan pada ketika sengsara itu, matahari akan
dikelamkan dan bulan juga tiada akan ber- cahaya, dan segala bintang di
langit akan gugur, dan segala kuat-kuasa yang di langit itupun akan
bergunjang-gunjing.*
Tiasa dipastikeun, saha bae oge nu ngangken Imam Mahdi, upami henteu
disahkeun ku tanda kajadian samagaha dua kali dina sasih Puasa, terang
pangakuanana henteu leres.
Ieu tanda parantos kajadian dina taun 1311 H sasih Siam, meneran taun
1894 M. Samagaha bulan dina ping 13, samagaha panonpoe ping 28.
Tiasa jadi aya anu kaget, pedah saur Hadits samagaha bulan peuting
mimiti, ari kajadian ping 13. Saur Hadits samagaha panon poe dina
tengah-tengahna sasih Puasa, ari kajadian ping 28.
Supados teu jadi heran, sumangga perhatoskeun katerangan Aqrobul-mawarid
juz 2, di dinya diterangkeun:
/Qomarun, bada tsalatsi layain ila akhirisy-syahrin, wa amma qobla
dzalika fahuwa hilalun.(Aqrabul-mawarid juz 2)/
*Ti saenggeus malem tanggal 3 nepi ka ahir bulan, disebut “qomar”; ari
samemehna, disebut “hilal”.*
Tegesna, bulan ti tanggal 1 dugi ka tanggal 3, disebatna hilal.
Ti tanggal 4 dugi ka panyeepan, disebatna qomar.
Dupi dina Hadits disebatkeun /yakhsiful-qomaru/, sanes /yakhsiful-hilal./
Terang, yen samagaha bulan nu dimaksad ku eta Hadits teh moal ping hiji.
Saleresna samagaha bulan iraha bae, dimana bae, salamina mo kaluar ti
tilu tanggal, nya eta tanggal 13 – 14 - 15, numutkeun sasih Hijriyah.
Jadi, ku ayana samagaha bulan dina ping 13 teh cocog pisan peuting
mimiti. Nya eta peuting mimiti ti antara peuting nu sok dianggo samagaha
bulan. Kitu deui samagaha panonpoe, moal kaluar ti tilu tanggal, nya eta
tanggal 27 – 28 - 29, numutkeun bulan Hijriyah.
Jadi, kanyataan samagaha panonpoe taun 1311 dina ping 28 teh cocog pisan
tengah-tengahna. Nya eta tengah-tengah ti antara nu sok dianggo samagaha
panonpoe.
Upami Hadits anu ngandung nubuatan ieu parantos bukti kajadian, kitu
deui tanda-tanda anu sanesna, boh numutkeun Hadits, boh numutkeun Quran,
teu sak deui ahir zaman teh ayeuna. Sarta teu sak deui, boh Imam Mahdi,
boh Nabi Isa nu dijangjikeun, kitu deui Dajjal, kedah parantos aya.
Wajar kacida, upami urang enggal maluruh saha sareng di mana Imam Mahdi.
Kitu deui saha sareng di mana Nabi Isa nu dijangjikeun baris lungsur di
ahir zaman.
Mangkaning diparentah ku Rasulullah saw urang kedah be’at ka Imam Mahdi,
sakumaha nu kaunggel dina Ibnu Majah:
/Fa in roaetumuhu fabayiuhu, walao habwan ‘ala-ts-tsalji, fainnahu
kholifatullahil-mahdiyyi. (Ibnu Majah)./
*Lamun maraneh geus ngadenge Imam Mahdi geus gelar, maraneh kudu be’at
ka anjeunna, sanajan kudu kumarandang dina salju ku maraneh kudu
dijugjug, karana saenyana anjeunna teh Khalifa-tullah Mahdi.*
Numutkeun Hadits ti Abu Naim, Imam Mahdi teh Khalifah (ti Nabi Muhammad
saw).
Kitu deui numutkeun Hadits ti Abu Huraerah, Nabi Isa nu baris lungsur di
ahir zaman oge Khalifah (ti Rasulullah saw).
Ku margi kitu, boh ka Imam Mahdi, boh ka Nabi Isa, urang wajib be’at.
/Wa man kafaro ba’da dzalika, fa-ula-ika humul-fasikun. (An-Nur: 56)./
*Saha-saha nu teu nurut ka Khalifah, maranehanana ka asup golongan fasik.*
Nanging dina Muslim aya katerangan Rasulullah saw ngadawuhkeun:
/Idza buyi’a lil-kholifataeni faqtulul-akhoro minhuma. (Muslim)/
*Lamun maraneh (kudu) be’at ka dua Khalifah (dina sazaman), ku maraneh
kudu dipaehan Khalifah anu pandeuri.*
Bawiraos, mungguh akal, mustahil Allah Swt ngangkat dua Khalifah dina
sazaman, anu saurang di antarana kedah dipaehan.
Ku kituna, mustahil Imam Mahdi sareng Nabi Isa sasarengan dina sazaman,
dina dua wujud.
Jawabanana kaunggel dina riwayat Imam Ahmad bin Hanbal, dawuhan
Rasulullah saw:
/Yusyiku man ‘asya minkum an- yulqo-bna Maryama Imaman Mahdiyan wa
hakaman ‘adalan. (Riwayat Ahmad bin Hanbal)/
*Geus deukeut waktuna, singsaha nu dipanjangkeun umur ti antara maraneh
bakal papanggih jeung Isa bin Maryam Imam Mahdi Hakam Adil.*
Numutkeun Hadits ieu, geuning Nabi Isa bin Maryam nu bakal sumping di
ahir zaman teh Imam Mahdi Hakam Adil. Tegesna, Nabi Isa sareng Imam
Mahdi teh hiji jalma keneh. Eta-eta keneh.
Langkung tandes diterangkeun dina Ibnu Majah juz 2 kaca 1341 citakan
Mesir, sareng oge dina Musnad Imam Ahmad bin Hanbal juz 2 kaca 411, kieu
/Wa lal-Mahdiyyu ila Isa.(Ibnu Majah juz 2)/
*Teu aya nu jadi Mahdi kajaba Isa.*
Tegesna, Mahdi teh Isa tea, atanapi Isa teh Mahdi tea.
Netelakeun ka urang, yen Imam Mahdi sareng Nabi Isa nu bakal sumping di
ahir zaman teh hiji jalma keneh.
Dina Abu Dawud aya katerangan kieu, dawuhan Rasulullah saw:
/Lao lam yabqo minad-dun-ya illa yaomun wahidun, latho-w-walallohu
ta’ala fihi rojulan min ummati ao min ahli baeti, yuwathi’u ismuhu ismi,
wasma abihi isma abi.(Abu Dawud)/
*Lamun tea mah umur dunya ngan kari sapoe deui, Allah baris manjangkeun
eta poe pikeun dina eta poe Allah ngutus hiji lalaki ti umat kaula,
atawa ti ahli baet kaula, anu ngaranna memper ngaran kaula, ngaran
ramana memper ngaran rama kaula.*
Tina ieu Hadits urang tiasa ngabantun harti:
1. Yen kacida pastina Allah Swt baris ngutus hiji lalaki (tangtosna ge
utusan Allah) sapandeurieun Nabi Muhammad saw.
2. Yen eta lalaki (utusan Allah) teh ti umat Nabi Muhammad saw, tegesna
ti umat Islam.
3. Yen eta lalaki Utusan Allah teh sanes Nabi Isa bin Maryam Israili.
Margi Nabi Isa bin Maryam Israili mali sanes umat Islam, sanes umat Nabi
Muhammad saw
Malah jenenganana oge teu aya memperna saeutik-eutik acan sareng
jenengan Nabi Muhammad saw
Komo deui jenengan ramana.
Apan Nabi Isa Israili mah teu kagungan rama.
4. Yen anu baris sumping diutus teh mung saurang. Jadi moal duaan
babarengan, nya Imam Mahdi nya Nabi Isa, dina hiji wujud.
Dina riwayat Bukhari dina tafsirna, aya katerangan, dawuhan Rasulullah saw
/‘An Anasin r.a. qola Rosulullohi saw ‘ashobatun taghzul-Hinda takunu
ma’al Mahdiyyi ismuhu Ahmad.(Bukhari)/
*(Ti Anas r.a.) dawuhan Rasulullah saw: Bakal kaluar rombong-an pajuang
Islam ti tatar India dina pingpinan Imam Mahdi, nu ngaranna Ahmad.*
Tina ieu Hadits urang terang:
1. Yen Imam Mahdi bakal gelar di India.
2. Yen Imam Mahdi mingpin golongan pajuang-pajuang Islam.
3. Yen jenengan Imam Mahdi teh Ahmad. (Nu didawuhkeun ku Rasulu-llah
dina Hadits nu ti payun memper jenengan anjeunna tea).
4. Yen Imam Mahdi teh sanes jenengan jinis, nanging ngaran kapang-katan.
Dawuhan Rasulullah saw (dina Kitab Al-Jawahirul-asror kaca 56 sareng
dina Kitab Hujajul Karomah kaca 358) kieu
/Yakhrujul-Mahdiyyu min qoryatin yuqolu laha Qad’ah. (Hujajul Karomah
kaca 368)/
*Bakal kaluar Imam Mahdi ti hiji desa nu ugaranna Qad’ah.
*
Ku pertulungan Hadits-hadits ieu terang ka urang, yen Nabi Isa nu baris
sumping di ahir zaman, anu oge disebat Imam Mahdi tea, sanes Nabi Isa
Israili nu baheula, nu urang Nazaret, nabina kaom Nasrani.
Nanging sok sanajan Imam Mahdi pada ngarep-ngarep, dina seuhseuhanana
anjeunna sumping mah, pasti moal ditarima, pasti moal diarangken, malah
pasti bakal disatru. Sarta kitu buktina oge.
Memang parantos digariskeun ti dituna, sakumaha kasauran Syekh Muhyiddin
Ibnu-l-Arobi dina kitabna Al-Futuhatul-Makiyah:
/Idza khoroja hadzal-Imamul-Mahdiyu, falaesa lahu ‘aduw-wun mubinun
illal-fuqoha-u khoshshotan.(Al Futuhatul Makiyah)/
*Dimana gelar Imam Mahdi bakal dipimusuh terang-terangan ku para ahli
fiqih.*
Urang kantun milih.
Naha bade tumut kana parentah Rasulullab saw, be’at ka Imam Mahdi ?
Atanapi bade ngiring sareng ahli fiqih, ngamusuh Imam Mahdi atanapi
Masih Mau’ud (Almasih nu dijangjikeun ku Rasu]ullah saw baris sumping di
ahir zaman).
------------------------------------
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/