Kalayan Hurmat,
Alhamdulillahirobbil Allamien, jisim abdi sareng rerencangan, parantos tiasa medalkeun Majalah Sasihan Basa Sunda SALAKA edisi anu Katilu (Juni 2008). Anu eusina diantawisna: Lalayang/Serat http://www.salaka.net/?page=Lalayang Midangkeun: Pamadegan, kereteg hate, pameda (kritik), usul/saran anu didugikeun ka Salaka Online ngalangkungan Uparengga Diantos (http://www.salaka.net/?page=ContactUs) atanapi ngalangkungan E-mail/Surelek ka [EMAIL PROTECTED] Lawang Gintung/Tina Meja Rumpaka http://www.salaka.net/?page=LawangKori Midangkeun: Saabad Kebangkitan Nasional Ngajanggelekna wujud Indonesia, jadi hiji nagara merdeka mibanda daulat, sajajar jeung nagara sejen di ieu bumi, lain hasil tina ngalamun. Tapi tina guruntulna kristalisasi sumanget, cita-cita, jeung harepan nu ngagedur ngabebela, ngaduruk unggal renghap ambekan, gumuruh dina unggal dada ngabuliklak, getih asak ngagolak, diasieup kayakinan nu dibulen tekad ngahiji, sareundeuk saigel, dina iuh-iuh beureum-bodas, wawanen sampur sutra budi. Jadi titik panginditan tatapakan pangapungan, ngahontal sampiung kabiruyungan di alak-paul. Nu tadina pamohalan, ngajengleng jadi cecekelan pageuh opatratus seler bangsa di tujuhwelas rebu pulo sa-Nusantara. Ngageleger handaruan,ngarenjagkeun pangeusi buana pancatengah. Ngahaung ngalanglaung, parat ka opat madhab, nurih langit kalang juritan: M E R D E K A. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=107&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=21 Paraloka/Kaagamaan http://www.salaka.net/?page=Paraloka Midangkeun: Kawijakan Pendidikan Islam Nurutkeun Al-Qur'an Islam teh ngaran pikeun sareat nu ditepikeun ka Nabi atawa Rosul-Na, fungsina sabage patokan pikeun manusa dina ngajalankeun fungsi, peran jeung statusna sabage 'abd jeung khalifah. Dina upaya ngahubungkeun antara Islam jeung praktek pendidikan, para ahli make sababaraha istilah: Pendidikan Islam, Pendidikan Agama Islam, Pangajaran Agama Islam, Studi Islam, Islamologi, jeung Etika Islam. Eusina, ngaliwatan proses pendidikan urang bisa paham kana ajaran Islam jeung bisa ngamalkeunana dina kahirupan sapopoe. Patali jeung eta para ahli pendidikan agama Islam nyebut 2 konsepsi dasar pikeun mekarna pendidikan agama Islam, nyaeta ta'lim jeung ta'dib, anu ngalimpudan masalah pangeran, manusia, jeung alam. Ngaliwatan pendidikan agama Islam unggal individu dipiharep bisa ngarasakeun deuketna ka Allah Rabb al-'Alamin, Dzat anu jadi sumber jeung pibalikkeun. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=106&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=22 Cinta Ka Alloh A'zza Wajalla Sagala puji mung Allah anu kagungan. Mung kanggo Anjeuna. Ka Anjeuna urang sadaya nyuhunkeun pitulung sareng ampunan. Ka anjeun-Na urang nyuhunkeun panyalindungan tina kajahatan diri, sareng kaawonan amal, sarta perilaku urang sadaya. Saha wae anu dipasihan pituduh ku Allah SWT, teu aya anu tiasa ngahalangan sareng saha wae anu disasarkeun ku anjeun-Na, teu aya anu tiasa ngalempengkeun. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=105&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=22 Fungsi Masjid Tugas atawa fungsi utama masjid nu kahiji nurutkeun hartos kecap, nyaeta tempat sujud. Dina dinten kahiji hijrahna Nabi sumping ka Yatrib anjeunna ngadegkeun masjid di kampung Qubah. Saparantosna eta masjid rampung, anjeunna solat disarengan ku golongan Muhajirin sareng Anshor. Wasjud waktarib! Geura sujud ka Pangeran jeung ibadah. (Q.S. Al Alak: 19). Masjid teh tempat solat fardu jeung sunat, boh sacara munfarid atawa berjamaah. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=109&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=22 Paraguna/Kabudayaan http://www.salaka.net/?page=Paraguna Midangkeun: Carpon: Gering Nu ngariung masih keneh ting haruleng, maranehna daratang ti opat madhab, taya nu wani muni. Aya nu silih pelong, aya nu tungkul kawar keur mikir, aya oge nu tatanggahan, kawas hayang milang geblogan hareup di awing-awang. Kabeh ting korejat, dariuk deui ajeg dina saurut-urutna, barang ngadenge aya nu datang. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=104&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=23 Carpon: Malawading Tapak lacak di bubulak, sesa tina moho moro-moro buron, jadi tatapakan pangapungan malar bisa nepikeun talatah ku tungtung letah tina khotaman rosul, najan bentang celong matameong, keukeuh hayang katitipan jati, da puguh di sampalan aya maung jeung uncal, nu nyurungkuy tina kaulinan pikiraneun. Meuseuh ucap nu leumpeuh katejeh pur na Si Jelug, urut peuyeuh ngajaladri ku pangwelah jangjang japati pateuh. Padahal beureumna layung dina kalangkang tajug sisi balong, mawa rineh sesa pangduruk langit , nu ngahaleuang dina sora lagu maneuh tur matuh, sanajan ramo nu rumegang garing ngeukeuweuk bonggol kayakinan, murudul tina ranggeuyan potret lampah ,nu leuwih mahal tibatan inten. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=103&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=23 Galindeng Kacapi Diri (2), Carita nyambung Dyah Kania Pitaloka Asa cik keneh manehna wawuh jeung Ika teh, padahal geus nahun, tapi katineung atina tetep nganteng, najan ngaliwatan rorongge kahirupan oge. Mimitina basa keur libur panjang smester hiji, manehna balik ka lembur, harita kabeneran aya barudak mahasiswa salahsahiji paguron luhur nu keur KKL (Kuliah Kerja Lapangan). Manehna ku lurah diwanohkeun ka ketua kelompok nu ngurus widang perpustakaan. Neng tah ieu jalmina nu bade mantuan Eneng teh, jenenganana mah pun Deni. Kaleresan nuju aya di lembur, sok ka inyana we bilih aya taroskeuneun mah! Ceuk Lurah. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=102&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=23 Lagu - Lagu Sunda http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=101&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=23 Sajak & Puisi http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=100&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=23 Sajak-sajak Inu Nugraha http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=99&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=23 Prepantun/Sajarah http://www.salaka.net/?page=Prepantun Midangkeun: Tarumanagara Karajaan Gede Di Nusantara (Bagian 2) Salapan poe sabada wafatna Purnawarman, putra mahkota, Wisnuwarman dijungjung lungguh jadi raja Tarumanagara ka opat, dina tanggal 14 bagian can, bulan Posya taun 356 Saka (3 Desember taun 434 M). Pesta ngadegraja lumagsung tilupoe tilupeuting. Dina tanggal 2 bagian caang,bulan Jesta taun 357 Saka (Mei/Juni taun 435 M), dikirim utusan Tarumanagara, mere iber ka sakur nagara sobat.Diantarana ka Cina, Syangka, Campa, Yawana, , Sumatera, Bakulapura, India, Srilangka, Darmanagari, jeung sababaraha nagara di Nusantara.Kalawan mawa pesen Purnawarman, sangkan sosobatan leuwih diraketkeun. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=97&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=24 Mohammad Toha, Pahlawan Bandung Selatan Urang Bandung pada arapal, terminal, Kebon Kalapa, mun teu salah awal taun 70-an tadina terminal Mohammad Toha, diganti jadi terminal Abdul Muis.Jalan nu ti jalan Pungkur nepi ka Bypas Soekarno-Hatta, disebut jalan Mohammad Toha, aya pasar tukangeun ITC Kebon Kalapa, ngaranna pasar Mohamad Toha. Malah aya SD ngarana SD Mohammad Toha. Saha ari Mohammad Toha teh? Rada hese neangan jalma nu apal kana raratanana, galur bajuangna, komo kana riwayat hirupna,Mohammad Toha. Ukur tatalepa tina cenah kana cenah nu jolna ti kolot, nu kungsi milu jadi pajuang angkatan 45. Mang Didi, nu disarebut Abah hiji kolot nu legok tapak genteng kadek, lega ambahan pangalamanana, malah kungsi jadi pajuang 45, milu ngarebut kamerdekaan Indonesia. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=98&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=24 Purbastiti/Tatakrama http://www.salaka.net/?page=Purbastiti Midangkeun: Undak Usuk Basa Undak-usuk basa, asalna tina kecap undak=naek, atanapi ngaronjat, Usuk= susunan dina suhunan, nu engkena ditempatan ereng, kanggo masang kenteng. Masang usuk, mapay ti handap ka luhur. Kawitna tina pangaruh basa Jawa. Da basa Sunda di Karaton Sunda mah, datar/demokratis. Dupi gunana, undak usuk teh kanggo ngabentenkeun nu diajak nyarios, ngagambarkeun rasa hormat, sanes feodal. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=94&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=25 Babasan Jeung Paribasa Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan. Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=96&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=25 Sawandana Sesebutan ka jalma di urang Sunda mah kacida reana. Ari anu dijadikeun patokanana aya opat rupa nyaeta : A. Nyokot tina patokan bedana umur B. Nyokot tina patokan rupa,wanda jeung kaayaan C. Nyokot tina patokan tingkah laku D. Nyokot tina pangkat jeung pagawean. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=95&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=25 Byapari/Tokoh, Pangajen, Panghargaan http://www.salaka.net/?page=Byapari Midangkeun: Daeng Soetigna, Pencipta Angklung Diatonis-kromatis, Nu Kiwari Geus Kamashur sa Dunya Saha nu teu nyaho ka Daeng Soetigna? Tokoh pendidikan anu nyiptakeun alat musik Sunda angklung make sistem nada diatonis-kromatis, anu lain bae kawentar sa Indonesia tapi nepi ka sakuliah dunya. Lantaran jasana dina widang kesenian, inyana dileler Satyalancana Kebudayaan ti Presiden RI. Jadi sabenerna Daeng Soetigna teh Pahlawan Kabudayaan asal tatar Sunda. Rupa-Rupa barang bisa dijieun tina awi. Aya jambatan, munara, hiasan, barang rumah tangga. Jeung apan imah oge aya keneh anu dijieunna tina awi. Tihang awi, bilik, lante, pager, korsi, meja, jeung rea-rea deui. Instrumen kesenian saperti suling, calung jeung angklung. Di antara alat kesenian nu geus ngambah dunya teh nya eta angklung. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=93&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=26 Pawayagahan/Carita Alam Aheng http://www.salaka.net/?page=Pawayagahan Midangkeun: Dibawa Kalangit Imah mang Udin teh disisi walungan Citarum, sedeng gigireunnana kuburan jeung kebon awi. Katelah eta kebon awi ku padumuk didinya disebut Cibentang. Cenah mah mun anu asup ka Cibentang seug poho teu pamitan, sok linglung. Kukurilingan teu bisa kaluar.Mun linglung isuk-isuk, sore karek bisa kaluar.Tapi lamun kabeneran aya jalma anu ngala suluh atawa urang dinya anu rek ka cai (ka Citarum) kakara bisa dikaluarkeun. Lamun peuting kabeneran ngaliwat ka Cibentang, sok remen anu mangihan ucing candramawat ngalendotan kana suku. Mun ditajong eta ucing bakal ngagedean nepi ka sagede anak munding. Kuurang dinya disebutna Kiciwis. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=92&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=27 Guruwerti/Opini, Bahasan http://www.salaka.net/?page=Guruwerti Midangkeun: Puncak Budaya Cirebon Kabeneran kuring kudu marengan urang Diparda, nu diondang kana Gelar gebyar budaya Cirebon di Teater Terbuka Taman Budaya Dago Tea House. Ngawakilan Kepala Dinasna. Kulantaran ondangan tabuh dalapan peuting, atuh indit teh tabuh tujuhan bada Isya. Dina ondangan ditulis kudu hadir 15 menit samemeh upacara dibuka. Ti barang datang ge geus karasa beda haeubna, di palataran hareup, dibageakeun ku seni tarling, kasangtukangna baliho rupaning kabudayan Cirebon, dilengkepan ku jadwal digelarna rupaning kagiatan. Geus saminggu sabenerna mah, ti tanggal 3 Mei keneh, geus dicalagarakeun pameran, ngawengku batik trusmi,katut demo cara ngabatik, dibarung ku rupaning hasil industry kaparigelan rahayat. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=91&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=29 Teh Ucu Tisna Subita, boga kabisa ti Raden Dewi Sartika? Urang Sunda, umumna Jawa Barat reueus lantaran salah sahiji istri Sunda nu diistrenan sabada tilar dunya jadi Pahlawan Nasional, nelah Rd.Dewi Sartika. Raden Dewi mangrupa kembang anu mekar nyengitan tanah Sunda, tanah kadeudeuh, tanah urang Parahiangan. Anjeuna pahlawan anu merjuangkeun kaom wanita tina kabodoan alatan sikep penjajah supaya para wanoja di jaman harita hirupna ngan ukur ngaladenan nujadi salaki wungkul.. Perjuangan Raden Dewi Sartika geus kawentar hususna ku urang Jawa Barat. Anjeunna kungsi muka sababaraha kursus kawanitaan, boh kursus ngaput, ngarenda jeung rupa rupa kaparigelan istri. Kungsi ngadegkeun sakola kawanojaan anu disebut Sekolah Kautamaan Istri (ayeuna jadi SMP Negeri 48), nepi ka di Bandung aya jalan ngaranna jalan Kautamaan Istri. Eta hiji panghargaan kana perjoangan Raden Dewi Sartika. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=89&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=29 Poe Pere Dipindahkeun, Nguntungkeun? Geus sababaraha kali dunya pendidikan ngalaman pere pikeun mieling hari raya kaagamaan dipindahkeun. Lamun perena Salasa atawa Rebo dipindahkeun ka poe Senen, lamun perena Kemis atawa Jumaah jadi poe Saptu. Sabenerna hal ieu ngarugikeun kana proses diajar-ngajar dina poe Senen jeung Saptu. Muga-muga taun anyar ieu mah moal kajadian deui. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=90&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=29 Yully Budiarti, Nyanyi Ngan Saukur Hobby Dunya tarik soara, dunya anu satiap waktu bakal ngadatangkeun bahla mun teu bisa ngajagana. Gosip jeung omongan sumbang , boh ti tatangga atawa ti batur sapropesi bisa mandegkeun karir nu milampahna. Kitu meureun anu kaalaman ku Yully Budiarti kalahiran Bandung 27 Juli 1977 dina mekarkeun karirna widang tarik soara alias nyanyi anu geus meh 18 taun icikibung bari teu weleh nampa cocoba. Tapi leukeun di lakonan alatan kabisa dina widang ieu teh sok sanajan ngan ukur hobby , tapi bisa ngahasilkeun duit anu lumayan. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=112&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=29 Maraspande/Wisata http://www.salaka.net/?page=Maraspande Midangkeun: Situ Cileunca, Sarana Wisata Pangjugjugan Balarea Situ Cileunca pernahna di Kacamatan Pangalengan Kabupaten Bandung, jauhna kurang leuwih 42 Km ti kota Bandung ka tebeh kidul, ngaliwatan Dayeuh Kolot, Bale Endah, Banjaran, Pameungpeuk sarta Cimaung, pernahna teu kurang ti 2.500 meter luhureun beungeut cai laut. Teu aneh lamun hawana karasa tiis nyecep, antara 15-24 derajat celsius. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=88&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=51 Hareupcatra/Kadaharan, Masakan http://www.salaka.net/?page=Hareupcatra Midangkeun: Borondong Majalaya Di Majalaya sorangan, kadaharan anu ngaran borondong geus pada nyaho. Kadaharan anu geus turun tumurun dipigawe ku masyarakat Majalaya keur nyuguhan tatamu, dagangeun atawa keur bawaeun mun kabeneran aya anu kariaan saperti ngawinkeun atawa nyunatan, pasti kadaharan borondong aya didinya. Tapi sanggeus rea kadaharan ala deungeun, anu nyarieun borondong mimiti gulung tikar. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=110&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=31 Badingkut/Rupa - rupa, warna - warni http://www.salaka.net/?page=Badingkut Midangkeun: Titin Gilang Hadi Ceuk Saha hobi teu bisa jadi usaha tambahan? Tina karesep atawa hobi lamun ku urang dipigawe kalawan daria pasti bakal ngahasilkeun hal-hal anu mangpaat. Malahan bisa jadi pagawean tambahan. Bari henteu jeung ninggalkeun pagawean nu geus baku. Di handap ieu dipedar pangalaman hiji wanoja teureuh Sumedang, Hj. Titin Gilang Hadi, anu pagawean sapopoena jadi patugas dina widang kasehatan, aktifis pramuka, tapi mindeng pisan jadi mc (master of ceremony) dina unggal kagiatan pirang-pirang organisasi jeung utamana mah dina upacara pernikahan. http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=87&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=32 Belenyeh/Guguyon http://www.salaka.net/?page=Belenyeh Midangkeun: Makan siang http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=80&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=33 Group Band http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=81&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=33 Saha nu Goblog? http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=82&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=33 Loba http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=83&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=33 Lalajo Wayang http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=84&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=33 Taraweh http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=85&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=33 Dagang Cingcaw http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=86&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=33 Mugi janten uninga, oge timpah hatur nuhun, upami kersa ngalongok. Rumpaka Salaka http://www.salaka.net - Sunda sadu Santa Budi Imah pangancikan Raga, Basa pangancikan Rasa, Sunda pangancikan Kula. ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

