Sampurasun...

Punten, ka baraya, aya anu gaduh info milist Kisunda nu sanes teu? Abdi mah 
riweh ku postingan pulitik, liberalisme, pluralisme.  Lieur ngabandungan ieu 
milist, tiap dinten ngan ngadungdengkeun 'kagorengan Islam' tur kalemahan ummat 
Islam.

Puguh ari Islam mah, geus di jamin ku Allah Swt, mulia tur moal aya anu leuwih 
ti Islam.  Ari ummat na mah, nyaeta tea, loba pisan nu teu ridho mun urang 
Islam caket sareng Islam-na.
Da can dilakonkeun sajatina dina kalakuan ge, Al Quran teh tos janten 
hiji-hijina kitab anu pang pantesna ti Allah Swt.  Abdi teu acan ngadangu (komo 
nyaksian bungkeuleukan mah), aya ummat lain Islam anu tiasa apal kitab sucina.  
Malihan anu disebut 'nabi', 'rasul', urang suci; teu satengah-tengahna acan.  
Eta Li Eden anu ngaku Jibril, geuning teu apal ngolotok, naon wae anu geus 
dituliskeun ku soranganana.

Rarasan teh, di ieu milist seueur rengrengan IsLib.  Naha ari urang sunda, 
seueur nu kararieu?  Bararaid teuing ah.

Punten pisan, abdi bade un-subscribe.  Upami aya baraya anu bade ngintunkeun 
milist Kisunda sanes, diantos via japri we nya.

Hatur nuhun sateuacanana.

Wassalam

Syarif Niskala
syarifniskala.wordpress.com

Kirim email ke