jigana mah ieu milis emang lain jang ngomongkeun HBH.
emang jang nu resep neangan kagorengan salah sahiji kaum. heuheuheu...

-Bohay-

2008/6/17 Panzi <[EMAIL PROTECTED]>:

>   hijiiii... taahhh ngurangan baraya teh...!!!
>
> da ti saacanna ge tos seueur diprotes,
> yen ieu milis teh geus mengkol tina tujuanana,
> ngan nya kitu tea... ngaranna "jalmi", sok asa aing,
> asa aing pangbenerna, asa aing pangpinterna,
> masing2 hayang nenjokeun kumaha aing teh...!!!
>
> kumaha yeuh... para kuncen...???
> de kieu wae kusnet teh...???
>
> ari diajak ngomongkeun HBH caricing wae,
> naaa... ari debat masalah agama, pulitik mani "palinter"..!!
>
> -Panzi-
>
>
> > Sampurasun...
> >
> > Punten, ka baraya, aya anu gaduh info milist Kisunda nu sanes teu? Abdi
> > mah riweh ku postingan pulitik, liberalisme, pluralisme. Lieur
> > ngabandungan ieu milist, tiap dinten ngan ngadungdengkeun 'kagorengan
> > Islam' tur kalemahan ummat Islam.
> >
> > Puguh ari Islam mah, geus di jamin ku Allah Swt, mulia tur moal aya anu
> > leuwih ti Islam. Ari ummat na mah, nyaeta tea, loba pisan nu teu ridho
> > mun urang Islam caket sareng Islam-na.
> > Da can dilakonkeun sajatina dina kalakuan ge, Al Quran teh tos janten
> > hiji-hijina kitab anu pang pantesna ti Allah Swt. Abdi teu acan ngadangu
> > (komo nyaksian bungkeuleukan mah), aya ummat lain Islam anu tiasa apal
> > kitab sucina. Malihan anu disebut 'nabi', 'rasul', urang suci; teu
> > satengah-tengahna acan. Eta Li Eden anu ngaku Jibril, geuning teu apal
> > ngolotok, naon wae anu geus dituliskeun ku soranganana.
> >
> > Rarasan teh, di ieu milist seueur rengrengan IsLib. Naha ari urang sunda,
> > seueur nu kararieu? Bararaid teuing ah.
> >
> > Punten pisan, abdi bade un-subscribe. Upami aya baraya anu bade
> > ngintunkeun milist Kisunda sanes, diantos via japri we nya.
> >
> > Hatur nuhun sateuacanana.
> >
> > Wassalam
> >
> > Syarif Niskala
> > syarifniskala.wordpress.com
> >
> >
>
> Panzi
> E-mail : [EMAIL PROTECTED] <kenami%40ipms.co.id>
> Enggineering Section
> PT Inti Pindad Mitra Sejati
> Bandung - Jawa Barat
>  
>

Kirim email ke