Geus sabaraha minggu yeuh ngabahas jejer2 '*hot*' di luhur? Bener sigana
ceuk teori konspirasi, yen isu2 sarupa kitu teh ngahaja digelar diramekeun
ngarah masarakat poho kana hal anu prinsipil anu geus dipilampah ku
pamarentah... Naon tea hal prinsipil eta teh? Nya taya lian ti HBH...
Panitia kuat ka pupurintilan ngenta eupan & usulan, ih da aranteng we
ngobrolkeun jejer nu leuwih *hot*.

Saban aya jejer2 anu panas kawas kiwari nu patembalan perang *forward *artikel,
kuncen mah bisa ngawenehan clung-clengna anggota milis nu kalaluar. Nu
protes nembongan ka milis mah ukur hiji-dua, tapi nu geus miheulaan nyingkah
biasana leuwih loba. Malah mah kadang sok aya nu ngahajakeun ngirim surat
via SMS ka kuncen, sangkan leuwih ngawaskeun karame di milis. Bisi kalah
malindes cenah, milis jadi pada naringgalkeun alatan eusina teu luyu jeung
nu dipiharep ku para anggota. Mun dipaju wae, hoghag di milis mah moal aya
anggeusna. Enya sakapeung mah loba pulunganeunana, tapi kalan-kalan kalah
matak weureu.

Kieu we atuh, najan pikeun kuring pribadi mah sabodo teuing kumaha maraneh,
tapi pikeun ieu milis mah urang sadaya kudu ngeunteung deui. Milis dijieun
pikeun tujuan2 anu tangtu, najan kadang ngalegaan ka mana-mendi. Nu hayang
aub dina hal perbandingan agama, nya neang milis perbandingan agama. Nu
hayang ngabandungan dialog Islam-Kristen, nya neang milis Islam-Kristen. Nu
hayang neuleuman Islam-Syiah, nya gabung ka milis nu dipikahayang. Nu hayang
diajar basa Inggris, meang milis basa Inggris. Jadi kumaha atuh ayeuna di
ieu milis? Nya kumaha maraneh wae lah, da geus karolot ieuh, heueuh..?!!
Sukur mun daraek & bisa dipungkas...

-- 
sikandar
kuncen #5

Kirim email ke