He he he kang kuncen 5, kang Kumincir. Pusing bin rieut nya, di ieu milis aya 
aturan, kudu kieu kudu kitu. Tapi dina prak-prakannana loba anggota nu bisa 
dianggap ngalanggar aturan. Punten kang, ieu karek aturan milis jieunan urang 
manusa, lieur, mungkin para kuncen ngarasa keuheul, heneg jeung sajabana. 
Kitu deui anggota lianna, malah aya nu milih ka luar deui ti ieu milis. Kaasup 
dosa henteu kang ? Moal nya kang moal dosa da lain ngalanggar aturan agama. 
Kumaha lamun ngalanggar aturan Islam kang, anu jelas aturanna ti 
Allah, terus kaasupan ajaran nu nyimpang tea nya sabangsaning aliran 
Ahmadiyah ? Nu ngaku Islam keuheul moal kang ? Kuring yakin di 
diri kang Kumincir oge aya rasa kakeuheul, tapi henteu anarki. Ku 
kituna sakuduna uranga tiasa ngama'lum ka dulur-dulur urang nu ngarasakeun 
keuheul nu tungtuna teu katahan deui jadi anarki, lantaran aya sababna nu 
nepikeun ka beak kasabaran. Sanajan keuheul
 mudah-mudahan urang mah ulah dugi ka anarki. Sanes kitu kang ?
 
Baktos
JT

--- On Mon, 6/16/08, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] k#5: Olabul FPI, Ahmadiyah, jsb...
To: "Kusnet" <[email protected]>
Date: Monday, June 16, 2008, 6:52 PM






Geus sabaraha minggu yeuh ngabahas jejer2 'hot' di luhur? Bener sigana ceuk 
teori konspirasi, yen isu2 sarupa kitu teh ngahaja digelar diramekeun ngarah 
masarakat poho kana hal anu prinsipil anu geus dipilampah ku pamarentah... Naon 
tea hal prinsipil eta teh? Nya taya lian ti HBH... Panitia kuat ka pupurintilan 
ngenta eupan & usulan, ih da aranteng we ngobrolkeun jejer nu leuwih hot.

Saban aya jejer2 anu panas kawas kiwari nu patembalan perang forward artikel, 
kuncen mah bisa ngawenehan clung-clengna anggota milis nu kalaluar. Nu protes 
nembongan ka milis mah ukur hiji-dua, tapi nu geus miheulaan nyingkah biasana 
leuwih loba. Malah mah kadang sok aya nu ngahajakeun ngirim surat via SMS ka 
kuncen, sangkan leuwih ngawaskeun karame di milis. Bisi kalah malindes cenah, 
milis jadi pada naringgalkeun alatan eusina teu luyu jeung nu dipiharep ku para 
anggota. Mun dipaju wae, hoghag di milis mah moal aya anggeusna. Enya sakapeung 
mah loba pulunganeunana, tapi kalan-kalan kalah matak weureu.

Kieu we atuh, najan pikeun kuring pribadi mah sabodo teuing kumaha maraneh, 
tapi pikeun ieu milis mah urang sadaya kudu ngeunteung deui. Milis dijieun 
pikeun tujuan2 anu tangtu, najan kadang ngalegaan ka mana-mendi. Nu hayang aub 
dina hal perbandingan agama, nya neang milis perbandingan agama. Nu hayang 
ngabandungan dialog Islam-Kristen, nya neang milis Islam-Kristen. Nu hayang 
neuleuman Islam-Syiah, nya gabung ka milis nu dipikahayang. Nu hayang diajar 
basa Inggris, meang milis basa Inggris. Jadi kumaha atuh ayeuna di ieu milis? 
Nya kumaha maraneh wae lah, da geus karolot ieuh, heueuh..?!! Sukur mun daraek 
& bisa dipungkas...

-- 
sikandar
kuncen #5
 


      

Kirim email ke