Ih...puguh henteu wani kang. Sieun, bisi ngegel. Heuheu

 

Hihi, lain soal wani kang.da Hade  moal ngegel. Tapi saha nu kersa jeung aya
waktu jeung boga ideu orisinal pikeun ditepikeun ka gupernur anyar nu batur
teu boga?

Jeung naha kudu siga pajabat daerah kudu sowan sagala

 

Ah, soal mere ucapan selamat mah teu kudu atawa teu patali jeung pantes
henteuna nganjang ka gedong sate sagala.   Eta mah kaideuan ku koran we,
bisi rek pasang iklan ucapan selamat cenah, tapi kan mayar. Nya mending di
milis nu haratis. Jeung da ukur pangangguran.

 

Tapi boh bilih bisi aya baraya kusnet nu bade, nya mangga. Tapi kudu
dialungkeun ka milis gagasanana. Bisi katro. Heuheu...

 

Soal ngondang gubernur wagub bodrex ka acara HBH nya kumaha panitia. Sanajan
ceuk wartawan nu miluan kusnet, model kitu teh rada bau orde baru.

Enya, engkena ka feodal, aya inohong, diprioritaskeun, didama-dama, manehna
nu penting. Padahal konsep KUSnet mah, kabeh penting, kabeh someone.

Kudu silih ajenan, silih hargaan, silih asih silih asah silih asaan...udud.
heuheu

 

-----------------------------

 

Hate karasa ngaleugaan yeuh, bari baluweng lieurs, tas sidang
prakualifikasi. Lulus bersyarat. Heuheu. Sugan we bisa beres dua taun deui,
saluyu jeung kurikulum.

Ari judulna, masih gunta-ganti, nu tangtu baris ngarobah eusi. Tadi mah
ngasongkeun 

 

Desain Vernakular Masyarakat Sunda

Pergeseran Nilai dan Makna Interior Hunian di kampung Kuta Ciamis, Ciranji
dan Gajeboh Baduy

 

Aya asupan ti nu nyidang, yen ari estetika mah, perkara bentuk jeung gaya.
Makna mah bonus. 

Jadi meureun Pergeseran Bentuk dan Gaya Interior Hunian, jst...

 

Ngahaja make conto dua tempat kampung adat, ngawakilan wetan jeung kulon.

 

 

mj
 

Kirim email ke