Cigana anu boga perhatian leuwih kana budaya sunda mah wagubna euy, pajarkeun teh rek nyieun felem anu ngajunjung kajayaan Sunda jaman baheula, sok geura dideukeutan.
aya anu ngiring acara PON di Samarinda, teu? wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: mj To: [email protected] Sent: Wednesday, June 18, 2008 4:51 PM Subject: RE: [Urang Sunda] KUSnet dialog jeung Gupernur? Wani heunteu? Ih...puguh henteu wani kang. Sieun, bisi ngegel. Heuheu Hihi, lain soal wani kang.da Hade moal ngegel. Tapi saha nu kersa jeung aya waktu jeung boga ideu orisinal pikeun ditepikeun ka gupernur anyar nu batur teu boga? Jeung naha kudu siga pajabat daerah kudu sowan sagala Ah, soal mere ucapan selamat mah teu kudu atawa teu patali jeung pantes henteuna nganjang ka gedong sate sagala. Eta mah kaideuan ku koran we, bisi rek pasang iklan ucapan selamat cenah, tapi kan mayar. Nya mending di milis nu haratis. Jeung da ukur pangangguran. Tapi boh bilih bisi aya baraya kusnet nu bade, nya mangga. Tapi kudu dialungkeun ka milis gagasanana. Bisi katro. Heuheu... Soal ngondang gubernur wagub bodrex ka acara HBH nya kumaha panitia. Sanajan ceuk wartawan nu miluan kusnet, model kitu teh rada bau orde baru. Enya, engkena ka feodal, aya inohong, diprioritaskeun, didama-dama, manehna nu penting. Padahal konsep KUSnet mah, kabeh penting, kabeh someone. Kudu silih ajenan, silih hargaan, silih asih silih asah silih asaan...udud. heuheu ----------------------------- Hate karasa ngaleugaan yeuh, bari baluweng lieurs, tas sidang prakualifikasi. Lulus bersyarat. Heuheu. Sugan we bisa beres dua taun deui, saluyu jeung kurikulum. Ari judulna, masih gunta-ganti, nu tangtu baris ngarobah eusi. Tadi mah ngasongkeun Desain Vernakular Masyarakat Sunda Pergeseran Nilai dan Makna Interior Hunian di kampung Kuta Ciamis, Ciranji dan Gajeboh Baduy Aya asupan ti nu nyidang, yen ari estetika mah, perkara bentuk jeung gaya. Makna mah bonus. Jadi meureun Pergeseran Bentuk dan Gaya Interior Hunian, jst... Ngahaja make conto dua tempat kampung adat, ngawakilan wetan jeung kulon. mj

