heueuh gening nya kang, di Ciamis teh sabenrnamah loba oge situs-situs
sejarah anu bisa dijual pikeun pariwisata. tapi da heueuh meureun waragadna
beak di paokan ku bupati jeung anak buahna (lain suudzon da geus
kajadian).....

jangdede

2008/6/4 mj <[EMAIL PROTECTED]>:

>   Kuduna pihak disbudpar ciamis paduli teu kudu nurut ka balar atawa ka
> saha bae, pan ayeuna mah usum otonomi. Sanajan otonomi eta sering
> dipake teu eucreug. Keur jaman bupati oma nu ayeuna di bui alatan
> korupsi, kawasan karangkamulyan dikurangan pikeun jalan jeung rest
> area. Tapi dua proyek eta ayeuna teu dipake. Jalan lempeng ka
> banjarkeun teu diparake, angger make jalan baheula nu ngalingkar.
> Kitu deui rest area, sahektar leuwih leuweung kk dibukbak pikeun
> parkir tapi ayeuna teu dipake. Nyaah we leuweung beak teu puguh.
> nyaungan situs mah kuduna tanggungjawab rahayat galuh via disbudpar.
> si kuring urg galuh. Ngan ukur bisa nganovelkeun situs kk jeung astana
> gd jeung onom dina fetussaga.
>
> --
> geocities.com/mangjamal
> mangjamal.multiply.com
> 
>

Kirim email ke