Uing  asa katoel da’ salah sahijina nu sok nanya , nanya aspirasi anggota
KUSnet jang kalancaran HBH,

Ieu mah ceuk pamadegan kuring wngkul anu leuwih bodo ti kang Dudi jeung nu
liana nu aya didieu…

Ari Kasundaan mah tangtu naon hal atawa sagala Hal anu aya pakaitna jeung
Ki Sunda …

HBH mah lain soal Kasundaanana, tapi meureun saukur Jalan jang
ngarealisasikeun Kasundaan ieu tea, 

terutama anu sok diobrolkeun di ieu milis eta oge ngan satai kukuna meureun
realisasi tina cita2 urang sarerea didieu,

tapi nya naon salahna dimimitian lamun KUSnet ngamimitian lengkah jang
nanjeurkeun kasundaan ku ngayakeun HBH ieu tea,

tina HBH mah urang ngan bisa silih nyahokeun beungeut jeung wanoh jeung
papada anggota wungkul nya meureun teu nanaon lamun dianggap kitu oge,

tapi tina pada mimiti appal, wawuh jeung wanoh ieu urang Sunda bisa ngahiji
babarengan dina migawe cita-cita urang sarerea, kaituna mah rek anu
patula-patali jeung kasundaan bahhkan nepikeun ka bsinis sewang-sewangan nya
alus we nu aya urang Sundaaya kamajuan terutama dina persatuanna meureun,
da’ sanajan cita-cita urang luhur oge Urang Sunda loba ideu jeung palinter
siga anu katinggali ku urang sarerea dina ieu milis tapi ari teu dipigawe
mah tetep euweuh hartina ceuk uing mah anu bodo.

 

Ngan saukur ceuk uing deui ieumah, soal FPI, Ahmadiyah,Syi’ah,Jalal anu aya
pakuat-pakait jeung urang Sunda pasti aya pakuat-pakait mah  komo disusur
nepikeun ka benang beureum na kaituna mah aya wae misalkeun kusabab kang
jalal urang bandung ,malah rek nangtukeun kabeh pakait oge jeung Urang Sunda
sah-sah wae, najan Amerika aya pakaitna jeung Urang sunda gara-gara Mr.
Robert kawin jeung Bi Icih oge aya pakaitna jeung Urang Sunda, kitu deui
pakuat-pakaitna UrangSunda jeung Korea selatan sabab aya Apih Sidik jeung
kangYaya diditu, tapi apan eta mah teu dibahas secara ekplisit didieu
sebagai Kasundaan.

 

Kuring oge rumasa, tara posting soal Kasundaan didieu the paling mairan,
mairan oge euweuh pulunganeunana jang batur mah da’ runtah wungkul anu
kaluar ti kuring mah…rumasa kuring oge Kang Ndud, tapi kuring resep macana
lamun dina milis ieu aya nu posting sajarah2 Sunda, kamajuan kesenian
Sunda,Kabudayaan Sunda, politik Sunda, Ekonomi Sunda jeung rea-rea deui
masalah Kasundaan, sabab kuring mah tuna pangabisa jeung kanyaho kana
masalah-masalah kieu ….ari masalah Agama kuring osok ninggali dina milis
Agama milis pengajian,lamun masalah Ekonomi nya kuring ninggalina dina milis
ekonomi,kitu deui jeung masalah Pulitik kuring oge lalajo the dina milis
pulitik.

 

Tapi balik deui kana Kasundaan anu ditanyakeun ku kang Dudi, bari jeung eta
pertanyaan lain jang kuring…nya eta amh nyanggakeun wae kanu palinter
masalah kasundaan ieu ….

Kuring mah pedah we ngajawab ieu the lantaran kuring ngarasa anu sok rajeun
tatanya ka urangSunda masalah HBH ku kabodoan kuring sorangan..

Punten kasadayana lamun salami ieu ngaraos kabaribinan jeung ngarasa
kaganggu ku sim  kuring saparakanca anu osok tetelepek nyuhunkeun tulung
hoyong dipasihan saran sareng masukan kanggo kalancaran HBH…

 

Cag ah…..

 

 

-ts-

 

 

 

 

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of ua duq
Sent: Tuesday, June 24, 2008 8:15 AM
To: [email protected]
Subject: kasundaan? Re: [Urang Sunda] Fauzan menantang mubahalah Ahmadiyah
dan pembel anya...

 

jay, nu kumaha ari kasundaan teh?
kabaheulaan kitu? pokona nu nyangkut siliwangi, pajajaran, galuh,
degung, kacapi suling, jeung ketuk tilu kitu, atawa nu ukur nyangked
kana hbh wungkul? ari ahmadiyah, fpi, syiah, jalal... nu oge kabulat
kebeulit ka 'urang sunda' teu asup kana kasundaan kitu?

cik jay bejaan ua... :))) lieur geuning ua mah, ti kamari loba nu
ngajak ka khitah deui, ngajak balik deui ngomongkeun kasundaan... ua
mah bureng kana kasundaan teh geuning..

--
d-: dudi herlianto :-b
~karék cénah~



.

 
<http://geo.yahoo.com/serv?s=97359714/grpId=1862056/grpspId=1705013556/msgId
=130008/stime=1214270127/nc1=3848641/nc2=4836038/nc3=5202322> 
 

Kirim email ke