sukur atuh ari kang toni masih ngarasa bodo mah, ku kituna pan beuki tambah soson kana diajarna. ngan palebah leuwih bodo ti kuring, jigana kudu diayakeun heula cerdas cermat eta mah. bisi kasebut aku-aku angga. boa kuring nu leuwih bodo.
bener kuring sapuk pisan lamun naon wae bisa asup kana kasundaan. sagala hal di dunya ieu asup kana kategori kasundaan. bedana jeung milis sejen ngan ukur palebah basa panganteur nu digunakeun. eta cenah aya jejer nu rame jeung jejer nu serepin. ah keun wae atuh teu kudu digurah-geureuh, nu rame kudu dieureunkeun. meureun ngomong hbh mah kurang seksi, ceuk kalolobaan urang kusnet :). paningali kuring mah salahsahiji sababna teh, teu parati nyarahoeun... jejer sejenna nya mangga wae kanu bade muka eta jejer geura bebeskeun, geura kintunkeun ka [EMAIL PROTECTED] jeung lain hartina nu rame ribut, teu hayang muka jejer ngeunaan perkembangan manusa sunda, kasenian sunda, budaya sunda jrrd. meureun jiga kuring kanyaho palebah dinya mah ukur sarua jeung kang toni, nu ukur hayang kari maca wungkul ti beubeunangan batur. dina emprona aya. rengse maca teh ukur ngomong jero hate. "o kitu geuning"... hiji deui nu jadi kiritik kuring ka nu hayang ngomongkeun habeha, nya eta, nyieun jejer nu disambung-sambung jeung jejer nu keur rame. keur naon kudu kikituan atuh? nyieun wae nu mandiri, asana leuwih edun. pd teu ngarasa kasingsalkeun. ua duq cikal... jeung qasep :)) On Tue, Jun 24, 2008 at 9:06 AM, toni.sofian <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Uing asa katoel da' salah sahijina nu sok nanya , nanya aspirasi anggota > KUSnet jang kalancaran HBH, > > Ieu mah ceuk pamadegan kuring wngkul anu leuwih bodo ti kang Dudi jeung nu > liana nu aya didieu… > > Ari Kasundaan mah tangtu naon hal atawa sagala Hal anu aya pakaitna jeung > Ki Sunda … > > HBH mah lain soal Kasundaanana, tapi meureun saukur Jalan jang > ngarealisasikeun Kasundaan ieu tea, > > terutama anu sok diobrolkeun di ieu milis eta oge ngan satai kukuna meureun > realisasi tina cita2 urang sarerea didieu, > > tapi nya naon salahna dimimitian lamun KUSnet ngamimitian lengkah jang > nanjeurkeun kasundaan ku ngayakeun HBH ieu tea, > > tina HBH mah urang ngan bisa silih nyahokeun beungeut jeung wanoh jeung > papada anggota wungkul nya meureun teu nanaon lamun dianggap kitu oge, > > tapi tina pada mimiti appal, wawuh jeung wanoh ieu urang Sunda bisa ngahiji > babarengan dina migawe cita-cita urang sarerea, kaituna mah rek anu > patula-patali jeung kasundaan bahhkan nepikeun ka bsinis sewang-sewangan nya > alus we nu aya urang Sundaaya kamajuan terutama dina persatuanna meureun, > da' sanajan cita-cita urang luhur oge Urang Sunda loba ideu jeung palinter > siga anu katinggali ku urang sarerea dina ieu milis tapi ari teu dipigawe > mah tetep euweuh hartina ceuk uing mah anu bodo. > > > > Ngan saukur ceuk uing deui ieumah, soal FPI, Ahmadiyah,Syi'ah,Jalal anu aya > pakuat-pakait jeung urang Sunda pasti aya pakuat-pakait mah komo disusur > nepikeun ka benang beureum na kaituna mah aya wae misalkeun kusabab kang > jalal urang bandung ,malah rek nangtukeun kabeh pakait oge jeung Urang Sunda > sah-sah wae, najan Amerika aya pakaitna jeung Urang sunda gara-gara Mr. > Robert kawin jeung Bi Icih oge aya pakaitna jeung Urang Sunda, kitu deui > pakuat-pakaitna UrangSunda jeung Korea selatan sabab aya Apih Sidik jeung > kangYaya diditu, tapi apan eta mah teu dibahas secara ekplisit didieu > sebagai Kasundaan. > > > > Kuring oge rumasa, tara posting soal Kasundaan didieu the paling mairan, > mairan oge euweuh pulunganeunana jang batur mah da' runtah wungkul anu > kaluar ti kuring mah…rumasa kuring oge Kang Ndud, tapi kuring resep macana > lamun dina milis ieu aya nu posting sajarah2 Sunda, kamajuan kesenian > Sunda,Kabudayaan Sunda, politik Sunda, Ekonomi Sunda jeung rea-rea deui > masalah Kasundaan, sabab kuring mah tuna pangabisa jeung kanyaho kana > masalah-masalah kieu ….ari masalah Agama kuring osok ninggali dina milis > Agama milis pengajian,lamun masalah Ekonomi nya kuring ninggalina dina milis > ekonomi,kitu deui jeung masalah Pulitik kuring oge lalajo the dina milis > pulitik. > > > > Tapi balik deui kana Kasundaan anu ditanyakeun ku kang Dudi, bari jeung eta > pertanyaan lain jang kuring…nya eta amh nyanggakeun wae kanu palinter > masalah kasundaan ieu …. > > Kuring mah pedah we ngajawab ieu the lantaran kuring ngarasa anu sok rajeun > tatanya ka urangSunda masalah HBH ku kabodoan kuring sorangan.. > > Punten kasadayana lamun salami ieu ngaraos kabaribinan jeung ngarasa > kaganggu ku sim kuring saparakanca anu osok tetelepek nyuhunkeun tulung > hoyong dipasihan saran sareng masukan kanggo kalancaran HBH… > > > > Cag ah….. > > > > > > -ts- > > > > > > > > > > > > ________________________________ > > From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On > Behalf Of ua duq > Sent: Tuesday, June 24, 2008 8:15 AM > To: [email protected] > Subject: kasundaan? Re: [Urang Sunda] Fauzan menantang mubahalah Ahmadiyah > dan pembel anya... > > > > jay, nu kumaha ari kasundaan teh? > kabaheulaan kitu? pokona nu nyangkut siliwangi, pajajaran, galuh, > degung, kacapi suling, jeung ketuk tilu kitu, atawa nu ukur nyangked > kana hbh wungkul? ari ahmadiyah, fpi, syiah, jalal... nu oge kabulat > kebeulit ka 'urang sunda' teu asup kana kasundaan kitu? > > cik jay bejaan ua... :))) lieur geuning ua mah, ti kamari loba nu > ngajak ka khitah deui, ngajak balik deui ngomongkeun kasundaan... ua > mah bureng kana kasundaan teh geuning.. > > -- > d-: dudi herlianto :-b > ~karék cénah~ > > . > > -- d-: dudi herlianto :-b ~karék cénah~ ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

