Jumaah kamari di gd Indonesia Menggugat, kang Suryadi netelakeun soal kujang eta dina dipake gelutna.
Cenah mah, sadis pisan. Kujang teh apan beda ti belati. Mun ditusukeun teh, belati mah mulus tapakna. Ari kujang mah, cenah sabab rupana kitu, atuh ari ditojoskeun kana beuteung teh, terus digitekeun saeutik, atuh amburadul eusi beuteung! Komo mun bari terus ditarik ka luar... Kalolobana mah cenah kujang teh sipatna pusaka. Ari ukuranana mah sigana sawareh siga keris. Jadi keur tanding make pakarang pondok. Ari pakarang panjang mah meureun aya deui alat sejen. Aya kujang nu dipasang dina hulu tombak. Nya siga bayonet kitu meureun. --------- mang..... si kuringmah nepikeun ka ayeuna can kaharti kumaha carana ngagunakeun kujang lamun keur tarung si eta kujang teh dikumahakeun??? ari nu kabayang ku sikuringmah nungarana kujangteh sagede bedog biasa bener teu nya? paling panjangna ngan 30 nepi ka 40 cm tah lamun bener panjangna sakitu lamun dipake tarung ngalawan samurai jepang kumaha? nu kadua ... dina surelek samemehna mun teu lepatmah kujang oge diangge keur ngebon atawa ngahuma tah ieu oge makena kumaha? da ari ditilik tina bentuk kujang dina foto mang jamal mah asa teu kapikiran ku si kuringmah kumaha cara makena cik lah ka Guru Teupa nu masih aya pang guarkeun ngarah si kuring nyaho hatur nuhun Nana ----- Pesan Asli ----

