kuring mah deukeut deukeut ka ngarasa, ayana kujang teh pagawean jalma kasingsal mang. pedah keris geus diaku ku jawa heuheu... ketang ieu mah kacindekan sagawayah, pedah can neuleuman. ukur manggih beja cenah sagala hal ngeunaan kujang hese diteanganana...
On Wed, Jun 25, 2008 at 3:02 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > On 6/25/08, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> >> >> Jumaah kamari di gd Indonesia Menggugat, kang Suryadi netelakeun soal >> kujang >> eta dina dipake gelutna. >> >> Cenah mah, sadis pisan. Kujang teh apan beda ti belati. Mun ditusukeun >> teh, >> belati mah mulus tapakna. >> >> Ari kujang mah, cenah sabab rupana kitu, atuh ari ditojoskeun kana >> beuteung >> teh, terus digitekeun saeutik, atuh amburadul eusi beuteung! >> >> Komo mun bari terus ditarik ka luar... >> > > mun noong karakter urang sunda, nu cenah leueleus jeujeur liat tali, > someah hade ka semah, asa patukang tonggong tah upama urang sunda > mibanda pakarang nu SADIS jiga kitu. jeungna deui salila ieu, uing mah > asa can manggih urang sunda gelut make kujang. kulantaran kitu dongeng > di luhur leuwih jiga dipapantes, pedah waruga kujang loba kakaitna. > jigana nu leuwih cocog mah, kujang ukur dijadikeun barang pusaka atawa > hiasan. > > salam, > mh ,___ -- d-: dudi herlianto :-b ~karék cénah~

