Maca postingan di handap, kumaha lamun dibandingkeun kieu :
 
Kuncen = MUI (= diibaratkeun)
Milis Kusnet diibaratkeun agama Islamna nu geus boga aturan nu kudu digugu ku 
para anggotana (mun di Islam mah tangtuna umat nu ngaku Islam kudu ngagugu ka 
ajaran Islam).
Kuncen mere fatwa = Geus heula, eureunan padungdenganna lantaran loba "nyimpang 
ti aturan".
MUI mere fatwa : Ajaran Ahmadiyah geus nyimpang ti ajaran Islam (sesat) 
lantaran ngaku aya rosul saparantosna Muhamad saw.  Ku kituna ka para pangurus 
jeung jamaahna, disumanggakeun tobat, balik deui ka ajaran Islam nu bener (nu 
teu nambahan nabi/rosul saparantosna kanjeng nabi/rosul Muhamad saw). 
 
Sanksi nu diusulkeun ku Kang Yadi Wendy ka anggota milis sunda : Dibekem.
Sanksi kanggo Ahmadiyah : Ulah ngaku Islam. Lamun rek tetep percaya aya rosul 
saparantosna Muhamad saw, moal dihalang-halang sanajan nepikeun 
ka rek ngadegkeun agama anyar oge asal ulah ngagunakeun aran Islam.
 
Jelas jeung tegas. Teu aya paksaan ti Islam ka para jamaah Ahmadiyah. 
Ulah reueus pedah  apal dalil, apal quran lamun ngahartikeunnana dipurilitkeun 
sakahayang sorangan dibeberes supaya luyu jeung kahayang sorangan jeung tujuan 
pikeun ngabobodo jeung mawa teu eunyeuh ka batur.
 
Baktos
JT
 
 

--- On Wed, 6/25/08, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: Geus atuh! Re: [Urang Sunda] Minangsaraya ka KUNCEN
To: [email protected]
Date: Wednesday, June 25, 2008, 2:04 PM

 
ki dulurs,
1. upami jejer nu dipadungdengkeun tos teu sehat, enggal inisiatif ngahuit. 
pami tos dihuit masih teu nurut, bekem bae kanggo saminggueun mah.
2. kriteria teu sehat, nyanggakeun kana kawijaksanaan moderator. mung saran bae 
nu garihal mah - komo deui diseratna di jejer, asana teh teu pantes digaduhan 
ku urang sunda nu kawentar someah. kanggo hal ieu moderator kagungan hak pisan 
pikeun nanjeurkeun wibawa sareng/atanapi martabat urang sunda.
rupina kitu ti kuring, punten pami aya nu teu sapagodos - kuring ngagunakeun 
hak ngiring melak kembang warnaan di taman. harepan nimbulkeun kaendahan kana 
eta taman ku rupa-rupa warna kekembangan. insya allah........

wassalam,
yadi


Your email settings: Individual Email|Traditional 
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully 
Featured 
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe 

 


      

Kirim email ke