Sae pisan pamendakna kang, abdi ngarojong kanggo ngaberdayakeun
Kuncen. Kuncen mah pan nu kawasa dimilis, upami aya anu tos kaluar
jalur mangga "bedog" kuncen geura dipesat, upami tos digebah teu
ngawaro nya kapaksa "dikadek/banned" ku pun kuncen kanggo  samentawis
waktos.
Upami aya aturan wungkul tur teu aya sanksi anu pasti, eta aturan teu
aya gunana.

wasalam
-gusaeni-

Wednesday, June 25, 2008, 2:04:19 PM, you wrote:

>  
>  ki dulurs,
>  
>  kuring satuju pisan pami peran moderator diberdayakeun [tiasa
> ningal posting kuring ti payun ngeunaan peran moderator ping 25/04/08].
>  rumasa kuring tos posting ting awal april dugi ka ayeuna k.l. 150
> kalina, tapi sanajan jejer nu ku kuring kungsi di posting mungkin
> "ngahebohkeun", tapi jujur bae, eusina bisa dipertanggungjawabkeun
> aya dadasarna [alquran sareng al hadits]. pami dua dadasar eta
> dipataroskeun, eta mah kuring teu terang [sabab teu sadaya di antara
> urang mungkin aya oge nu teu percaya ka alquran sareng al hadits, pan?].
>  benten sareng tanggapan-tanggapan ti para aden, agan sinareng aom,
> estu teu pisan nyutat dadasar nu dua eta, tapi dumasar kana ceuk
> cenah. ti kawit nu lemes halimpu dugi ka nu kasar garihal. keur
> kuring nu kitu mah teu jadi masalah - da teu bisa maksa - meureun
> nepina mung dugi ka dinya, kusabab kampuan masing-masing, tingkatan
> masing-masing mah beda sanajan cenah ti luhurna mah ngagem ajaran nu
> mulya - nya islam kasebatna - nu dicandak ku jalmi nu pangmulyana nu
> kantos diciptakeun allah ta ala nu mahaagung.
>  
>  mung bae aya sakedik koreksi kanggo moderator - atanapi kuncen kitu 
> kasebatna?
>  
>  1. upami jejer nu dipadungdengkeun tos teu sehat, enggal inisiatif
> ngahuit. pami tos dihuit masih teu nurut, bekem bae kanggo saminggueun mah.
>  2. kriteria teu sehat, nyanggakeun kana kawijaksanaan moderator.
> mung saran bae nu garihal mah - komo deui diseratna di jejer, asana
> teh teu pantes digaduhan ku urang sunda nu kawentar someah. kanggo
> hal ieu moderator kagungan hak pisan pikeun nanjeurkeun wibawa
> sareng/atanapi martabat urang sunda.
>  
>  conto di handap ieu sangem kuring mah mani pohara, sok sanajan
> ditulisna teu lengkep [mungkin kumargi nu postingna ngeplek jawer
> kumeok memeh dipacok atanapi pengecut], tapi nu ningal sakedapan oge
> enggal pisan tiasa maca yen eta teh teu pantes dipiboga ku urang sunda.
>  
>  rupina kitu ti kuring, punten pami aya nu teu sapagodos - kuring
> ngagunakeun hak ngiring melak kembang warnaan di taman. harepan
> nimbulkeun kaendahan kana eta taman ku rupa-rupa warna kekembangan. insya 
> allah........
>  
>  wassalam,
>  yadi
>  



Kirim email ke