dear, ayeuna keur ngadangukeun degungan, langsung we nyebret ka masa kapungkur keur bolon keneh. mung wayah kiwari sok ngadangukeun wa kepoh teu dijakarta teu di sumedang ... ahh sumedang kapungkur khususna kec cimalaka desa nyalindung can aya listrikan jadi sok ngadangukeun make radio leutik di batrean galalede ...mung rebun2 sokk ngadangukeun ceramah dina basa sunda di radio yusan, seungit pisan haseup ti lampu minyak taneuh templok.... tiris keneh nepika mung urang ngobrol sok ngaluarkeun "uap" ti mulut, ahh teu kungsi lila si nini nyuguhkeun ulen jeung cau goreng haneut2 teu hilap kiripik sampeu karesep abdi nu di cacah persegi opat laleutik digoreng neupi ka gariiinng pisan... eweuh bahan pangawet siga ayeuna kapungkurmah.... hanjakal... ayeuna pun nini teh tos payah, aki tos lila ngantunkeun... mamah sareng rayi abdi hiji2 na ge tos ngantunkeun... duka bakal kaulang deui moal kaayaan kitu teh...
balik deui ka dongeng wa kepoh.... duka ayeuna mah aya keneh kitu radio nu ngajomantarakeun eta carita teh? sarupaning si rawing pilih tanding jrrd... sugan we aya nu gaduheun.... ku kuring rek di penta ah.... -- Aldo Desatura (R) & (c) 62.0817.19.40.50 ======== " hanya atas kasihnya, hanya atas kehendaknya kita masih bertemu matahari .... "

