Deuh kang Aldo, meni ngahudang kawaas,
Da muhun leres kitu kaayaan na kang, mangsana ua kepoh atawa mang jaya tolok 
tok creng, da meni sepi jalan lembur teh kabeh ngadarangong hareupeun radio 
transistor anu sorana siga toa tea...
Ari di lembur kuring mah, sanajan kabupaten na ka Sumedang, tapi deukeutna ka 
majalengka, nya atuh nu sok disetel teh radio Arfaco, soalna Radio Yusan mah 
sok lusles...
Tuda jaman harita mah teu kolot teu budak, teu mojang teu jajaka, kabeh hiburan 
na ukur nu kitu. 
Anu paling dipikaresep nyaeta carita2 nu dikarang ku aki Leuksa sok rame pisan, 
eh bet teu nyangka alo na Kileuksa teh nikah ka pun lanceuk nu kahiji. ngan 
hanjakal ukur beja hungkul, teu kungsi panggih da basa pun lanceuk nikah teh 
kuring keur jauh ti lembur..
Heuheu...iraha rek usum deui dongeng.....
 


--- On Fri, 6/27/08, Aldo Desatura ™ <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Aldo Desatura ™ <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] Dongeng Wa Kepoh
To: [email protected], [EMAIL PROTECTED]
Date: Friday, June 27, 2008, 5:37 AM






dear,

ayeuna keur ngadangukeun degungan, langsung we nyebret ka masa kapungkur keur 
bolon keneh. mung wayah kiwari sok ngadangukeun wa kepoh teu dijakarta teu di 
sumedang ... ahh sumedang kapungkur khususna kec cimalaka desa nyalindung  can 
aya listrikan jadi sok ngadangukeun make radio leutik di batrean galalede 
...mung rebun2 sokk ngadangukeun ceramah dina basa sunda di radio yusan, 
seungit pisan haseup ti lampu minyak taneuh templok.... tiris keneh nepika mung 
urang ngobrol sok ngaluarkeun "uap" ti mulut, ahh teu kungsi lila si nini 
nyuguhkeun ulen jeung cau goreng haneut2 teu hilap kiripik sampeu karesep abdi 
nu di cacah persegi opat laleutik digoreng neupi ka gariiinng pisan... eweuh 
bahan pangawet siga ayeuna kapungkurmah. ... hanjakal... ayeuna pun nini teh 
tos payah, aki tos lila ngantunkeun. .. mamah sareng rayi abdi hiji2 na ge tos 
ngantunkeun. .. duka bakal kaulang deui moal kaayaan kitu teh...

balik deui ka dongeng wa kepoh.... duka ayeuna mah aya keneh kitu radio nu 
ngajomantarakeun eta carita teh? sarupaning si rawing pilih tanding jrrd...

sugan we aya nu gaduheun.... ku kuring rek di penta ah....




-- 
Aldo Desatura ® & ©
62.0817.19.40. 50
========
" hanya atas kasihnya, hanya atas kehendaknya kita masih bertemu matahari .... "
 














      

Kirim email ke