Ceuk teori mah gampang. Tungguan bari diteangan paling saeutik 24 jam. Indit ka kantor pulisi, laporan kehilangan nyieun berita acara jeung menta surat kehilangan. Make surat eta, indit ka kantor bersama nyieun STNK anyar, da sabenerna STNK asli kahiji mah aya dina arsip kantor bersama, nu dicepengan ku urang mah asli kadua. Tangtuna ge kudu nu boga motor nu ngurus sagala rupana. Ceuk teori, teu bisa diwakilan ku batur (lain nu boga motor), sabab bisa wae akon akon, hayoh disalah gunakeun. Salam, kang Trias
--- On Mon, 6/30/08, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Urang Sunda] Nyungkeun Tulung Info STNK leungit To: [email protected] Date: Monday, June 30, 2008, 2:30 AM Ass. Baraya di mana bae. Karek tadi isuk sadar. Mun STNK Motor teh teu aya na dompet atawa saku. Dikotektak sapopoe, weleh can aya gorehelna. Mun ekstrimna eta STNK leungit, cing pang bongbolongankeun kudu kamana mun rek ngagantina. Baktos Tantan --nu mharep pitulung pisan-- -- tantan hermansah | SM 1270

