Asa lawas tilawas kang tantan...

karek kamari kuring mah leungiteun STNK teh... 
nu benerna mah lain leungit ketang...TIKECEMPLUNG ka leuwi di Pondok Indah 
Mall...nya muhun di Jakarta. ari STNK na mah tapina leter Z lain B da motor 
Sumedang tea...

Hayang pisan bagi caritana mah tapi panjang, bisi geregeteun nu menta pitulung 
ah...intina mah kieu weh.

Mun kuring mah di Sumedang mah kieu, Kang!!
1. indit ka Lising heula (da can lunas tea, BPKBna ditahan Lising) trus menta 
poto kopi BPKB motor jeung surat pengantar ti lisingna
2. Trus ka Polsek bari mikeun surat pengantar jeung potokopi BPKB ka pa 
pulisina meh di pangnyieunkeun surat keterangan kehilangan bari mere weh 10rb 
mah mun geus jadi suratna mah (buruh ngetik)
3. Trus K Kantor Bersama weh... tah di kantor bersama teh kudu digosok heula si 
nomor mesin motor teh jadi motorna kudu dibawa alusna mah trus milu prosedur we 
kadituna mah.
4. Mun Lieur miluan prosedur nungguan antrian jeung sajabana...nya kudu 
dibaturan ku nu kenal di Kantor bersamana bari mikeunan duit lilicin galasar 
golosor ka bagian nu nguruskeun...(sok aya keneh wehh...!!!)
5. Biayana pami nu dialaman ku kuring mah, sakitar 

Buruh ngetik di Polsek Rp. 10.000,-
Nyieun STNK            Rp. 150.000,-
Pajak + dendana        Rp. 200rb sekian lah (da bari mayar pajakna, telat 8 
bulan harita teh, hehehe)

Tah kitu, Kang Tantan!!!

manawi tiasa masihan bayangan

baktos

Tessar

--- On Mon, 6/30/08, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> From: trias santosa <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [Urang Sunda] Nyungkeun Tulung Info STNK leungit
> To: [email protected]
> Date: Monday, June 30, 2008, 6:16 AM
> Ceuk teori mah gampang.
> Tungguan bari diteangan paling saeutik 24 jam.
> Indit ka kantor pulisi, laporan kehilangan nyieun berita
> acara jeung menta surat kehilangan.
> Make surat eta, indit ka kantor bersama nyieun STNK anyar,
> da sabenerna STNK asli kahiji mah aya dina arsip kantor
> bersama, nu dicepengan ku urang mah asli kadua. Tangtuna ge
> kudu nu boga motor nu ngurus sagala rupana. 
> Ceuk teori, teu bisa diwakilan ku batur (lain nu boga
> motor), sabab bisa wae akon akon, hayoh disalah gunakeun.
>  
> Salam,
> kang Trias   
> 
> 
> --- On Mon, 6/30/08, tantan hermansah
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> From: tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: [Urang Sunda] Nyungkeun Tulung Info STNK leungit
> To: [email protected]
> Date: Monday, June 30, 2008, 2:30 AM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Ass. 
> Baraya di mana bae. 
> Karek tadi isuk sadar. Mun STNK Motor teh teu aya na dompet
> atawa saku. 
> Dikotektak sapopoe, weleh can aya gorehelna. 
> Mun ekstrimna eta STNK leungit, cing pang bongbolongankeun
> kudu kamana mun rek ngagantina.
> 
> Baktos
> 
> Tantan 
> --nu mharep pitulung pisan--
> 
> -- 
> tantan hermansah | SM 1270


      

Kirim email ke