Kuring boga pangalaman nalika apruk-aprukan dileuweung garut, saengges ningali eta leuweung, beu......... matak pikarunyaeun. harita kuring kabeneran keur neangan kipayah di wewengkon garut kidul. pas namah di daerah Cibalong - Pameungpeuk. hiji waktu diajak ku babaturan nu asli urang dinya, urang ulin ka Batu Gajah, ayana di sisi basisir laut kidul asup ka daerah Miramareu kec. Cibalong. keur nuju ka eta tempat teh ngaliwatan leuweung gerotan ngarana leuweung Sancang. Ceuk carita urang dinyanamah leuweung sancang etateh tempatna Prabu Siliwangi nga hiang ailas leungit, duka tah bener henteu namah. Sanajan leuweung gerotan tapi bisa mawa motor sanajan kudu tisuksuk tidunggung ngaliwatan jalan satapak anu garihal, si kuringge sababaraha kali tisuksuk nyium taneuh. jalan etateh sok dipake nelayan atawa tukang ngusep di laut lalar liwat, jadi memang sok dipake liliwatan urang dinya. Ditengah leuweng bari ngarerehkeun kacape, panasaran hayang nyaho jerona leuweung sancang eta. panasaran terus tunga tengo rada asup ka jero leuweung. saenggeus asap kurang leuwih saratus meteran ti jalan satapak anu biasa dipake liliwatan, na ari brehteh geuningan lain leuweung, nuaya teh huma anu sabagean teu kaurus bari jeung di tengahna loga tunggul kai galede. Beu...... geuningan kieu nungarana leuweung sancang teh karunya pisan tah leuweung geus jadi huma bari jeung teu kaurus
----- Pesan Asli ---- Dari: Ariyanto <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Rabu, 2 Juli, 2008 22:24:12 Topik: [Urang Sunda] orang utan ngiringan prihatin kanggo leuweung di garut, kumaha atuh nu ngesian leuweungna, binatang sareng lelembutan nu aya, bade kamarana mun leuweungna gundul ___________________________________________________________________________ Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru. Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. Cepat sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

