Pabeunghar beunghar antar propinsi lain kudu dilombakeun, tapi kudu jadi kahayang, jadi cita cita, jadi sumanget warga di daerah, jadi dasar sistim ekonomi daerah keur ningkatkeun kasejahteraan rahayat di daerah propinsi. Istilah ekspor impor lain keur internasional wungkul, tapi oge keur antar propinsi. Kumaha carana pabeunghar beunghar antar propinsi. Gubernur kudu memihak ka daerah, lain ka pusat, da eta meureun hayang jabatanana langgeng. HADE kudu promosi Jabar gede gedean, buka lawang infestasi gede gedean, antar propinsi teu nanaon, sukur sukur internasional. Utamakeun infestor Jabar, naon sababna, sabab salila ieu lolobana infestor ti luar Jabar, jadi lolobana duitna ngalir ka luar Jabar. Mun investor ti Jabar tangtuna ge duitna moal loba teung ngalir ka luar jabar rada ditahan, investor hirup di daerah, balanja di daerah. HADE kudu bisa nata Jabar keur bisa narik wisatawan boh domestik boh asing, lain ieu mah jalan butut, macet diantep. Bandung deukeut jeung Jakarta hiji kauntungan, kudu diusahakeun narik duit sing loba ti urang Jakarta. Jalan tol geus nyambung.. okeh lah, tinggal di jero kotana, lieur ku macet. Nu pangpentingna deui, wargana kudu someah, ngabageakeun urang Jakarta jalan jalan di Bandung, bade balanja naon bae aya, balanja wisata keur mata tingalieun loba pisan bade ka gunung bade ka basisir teu kurang, wisata tuangeun oge seueur, mangga balanja seepkeun artosna. Tos heula, ke sugan ke disambung.
Kang Trias. --- On Wed, 7/2/08, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: kumincir <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [Urang Sunda] blue energy heula sakeudeung--HADE kumaha? To: [email protected] Date: Wednesday, July 2, 2008, 10:27 PM Kabeneran poe senen kamari, sabari nunggu beus di CIleunyi, kuring meuli koran PR. Dina eta koran kabeneran deuih aya sakaca (atawa dua kitu, poho deui) pinuh pedaran resmi ti Hade, Gubernur Jabar. Dina eta pedaran anjeunna ngalaporkeun naon bae anu geus dipilampah, sarta rarancang gawe alias program tilu bulan ka hareup. Kari prakna... Lengkepna mah teang we na koranna, heuheu... On 7/3/08, irpan rispandi wrote: Bay de wey, kuring mah teu pati ngamonitor ketakna HADE. geus nepi kamana nya? geus ngalakukeun naon wae cenah?

