di jabar, khususnya bandung , kedah aya pemarataan pembangunan. bumi urang di
gunung halu, ti baheula urnag sakolah, teupika ayeuna, ngan 1 sekolah nu ngeus
butut. Upami di bandingkeun jeung Bandung, jauh lah...
--- On Thu, 7/3/08, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: trias santosa <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] blue energy heula sakeudeung--HADE kumaha?
To: [email protected]
Date: Thursday, July 3, 2008, 7:45 AM
Pabeunghar beunghar antar propinsi lain kudu dilombakeun, tapi kudu
jadi kahayang, jadi cita cita, jadi sumanget warga di daerah, jadi dasar sistim
ekonomi daerah keur ningkatkeun kasejahteraan rahayat di daerah propinsi.
Istilah ekspor impor lain keur internasional wungkul, tapi oge keur antar
propinsi. Kumaha carana pabeunghar beunghar antar propinsi. Gubernur kudu
memihak ka daerah, lain ka pusat, da eta meureun hayang jabatanana
langgeng. HADE kudu promosi Jabar gede gedean, buka lawang infestasi gede
gedean, antar propinsi teu nanaon, sukur sukur internasional. Utamakeun
infestor Jabar, naon sababna, sabab salila ieu lolobana infestor ti luar Jabar,
jadi lolobana duitna ngalir ka luar Jabar. Mun investor ti Jabar tangtuna ge
duitna moal loba teung ngalir ka luar jabar rada ditahan, investor hirup di
daerah, balanja di daerah.
HADE kudu bisa nata Jabar keur bisa narik wisatawan boh domestik boh asing,
lain ieu mah jalan butut, macet diantep. Bandung deukeut jeung Jakarta hiji
kauntungan, kudu diusahakeun narik duit sing loba ti urang Jakarta. Jalan tol
geus nyambung.. okeh lah, tinggal di jero kotana, lieur ku macet.
Nu pangpentingna deui, wargana kudu someah, ngabageakeun urang Jakarta jalan
jalan di Bandung, bade balanja naon bae aya, balanja wisata keur mata
tingalieun loba pisan bade ka gunung bade ka basisir teu kurang,
wisata tuangeun oge seueur, mangga balanja seepkeun artosna.
Tos heula, ke sugan ke disambung.
Kang Trias.
--- On Wed, 7/2/08, kumincir <[EMAIL PROTECTED] .or.id> wrote:
From: kumincir <[EMAIL PROTECTED] .or.id>
Subject: Re: [Urang Sunda] blue energy heula sakeudeung-- HADE kumaha?
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Date: Wednesday, July 2, 2008, 10:27 PM
Kabeneran poe senen kamari, sabari nunggu beus di CIleunyi, kuring meuli koran
PR. Dina eta koran kabeneran deuih aya sakaca (atawa dua kitu, poho deui) pinuh
pedaran resmi ti Hade, Gubernur Jabar. Dina eta pedaran anjeunna ngalaporkeun
naon bae anu geus dipilampah, sarta rarancang gawe alias program tilu bulan ka
hareup. Kari prakna... Lengkepna mah teang we na koranna, heuheu...
On 7/3/08, irpan rispandi wrote:
Bay de wey,
kuring mah teu pati ngamonitor ketakna HADE.
geus nepi kamana nya?
geus ngalakukeun naon wae cenah?