kungsi nongton debat di tv teuing, nya soal presiden kahareup, nepi ka
soal jawa jeung non jawa. maksud non-jawa di dinya mah, urang sebrang.
ongkoh ayeuna aya wapres nu ketua golkar jeung sigana baris dicalonkeun ku
golkar.

sanajan JK oge cenah kungsi nyarita, saya tidak mungkin jadi presiden,
karena saya bukan orang jawa. siga aya rumus, yen presiden kudu orang
jawa. nu sejen ngan kaci jadi wapres. cilakana, eta geus jadi cecekelan
seler sejen, cara nu diucapkeun JK eta.

ari pikeun kamajuan bangsa nagara mah, hadena mere oge kasempetan ka seler
sejen pikeun jadi presiden. utamana kanu geus nembongkeun potensi jeung
kapasitas. cara JK oge cenah lumayan. ongkoh soal seler mah, da dina UUD
1945 oge teu aya aturan eta, nu aya mah, soal orang indonesia asli, asana
aya kecap beragama Islam.

lain, ari presiden di urang mah, teu jadi inohong legendaris cara di
amrik. paling nu asup itungan ka kelas legendaris teh ngan Bung Karno
wungkul, da nu munggaran jeung nu merdekakeun RI. hanjakal presiden di
urang, utamana nu beh ditu, sok rusak tungtungna. boh dirusak ku nu
ngaganti atawa ku rakyat, nu ieu mah meureun sabab presidenna diktator
atawa otoriter. teu nanaon lah otoriter oge, asal baleg we, demi
ngamajukeun bangsa sadayana, lain golongan atawa parteyna. dina level
gubernur, cara Ali Sadikin ngurus DKI baheula, loba tindakanana nu
otoriter, malah cenah kungsi nampiling supir treuk sagala, da mawa treukna
beurang, harita cenah aya larangan pikeun treuk asup jakarta beurang. tapi
peta kitu ngahasilkeun kahadean pikeun jakarta, cenah.

otoriter nu ayeuna oge, naekeun (wae) BBM. padahal cek UUD 45, asana aya
kecap bumi dan air dan kekayaan alam yg terkandung di dalamnya, dikuasai
negara dan dipakai untuk meningkatkan kesejahteraan rakyat.



mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com



Kirim email ke