Anu utama na mah nyaeta nyoko kana aturan maenna. Konstitusi urang tos robah 4 kali, sababaraha undang-undang dihasilkeun pikeun ngadukung kana asupna paham liberalisme tea. Sabab lamun teu kitu, nagri Endonesia moal dibere "duit injeuman". Aya sababaraha urang anu kungsi jadi anggota MPR, manghanjakalkeun ku ayana amandemen konstitusi, sabada dilenyepan, geuningan sarua wae "ngajual bangsa" ka kaum kapitalis. Di malaysia, jaman Mahatir, mertahankeun supaya paham liberalisme heunteu ngaruntagkeun nagara. Anwar Ibrahim, disingkirkeun sabab cenah "kaki tangan" kaum kapitalis. Atuh ayeuna Abdullah Badawi, rek "didongkel" oge ku Mahatir, sabab kawijakanana biluk/disetir ku nagara Singapura. Ningali situasi jiga kiwari di urang, sigana memang perlu aya kapala pamarentahan anu boga "tangan beusi" dina nyanghareupan para kapitalis jeung antek-antekna. Keun wae lah, dituduh otoriter, tapi nu penting sagala banda pakaya nagara diolah pikeun kawalatraan sakabeh rahayat Indonesia. Lamun perlu, nagara diurus sacara sentralistik. Sabab upama freeport diserahkeun ka urang Papua, diparake keur mabok-mabokan. ayeuna wae (ceuk beja) para pajabat Papua, leuwih sering aya di Jakarta batan ngurus ngantor di Papua. Tingali tuh, Bupati Kutai Kertanagara (Syaukani, anu pernah jadi ketua Aosiasi Pemerintahan Kabupaten sa Indonesia), anu baheula kawentar "harun Al rasyid" sabab sok babagi banda pakaya keur rahayatna, dibui alatan APBDna loba teuing asup ka kantong sorangan. Tingali tuh, anu tadina rek negakkeun demokrasi di maluku Kaler, kalah ka parasea teu anggeus-anggeus. Abdul Gafur euweuh kaera, make nyebutkeun teu bisa ngahulag kalakuan para bobotohna. baktos, mrachmatrawyani
--- On Fri, 7/11/08, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: mj <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Urang Sunda] Re: Saha Calon Presiden RI..........? To: [email protected] Date: Friday, July 11, 2008, 12:44 PM kungsi nongton debat di tv teuing, nya soal presiden kahareup, nepi ka soal jawa jeung non jawa. maksud non-jawa di dinya mah, urang sebrang. ongkoh ayeuna aya wapres nu ketua golkar jeung sigana baris dicalonkeun ku golkar. sanajan JK oge cenah kungsi nyarita, saya tidak mungkin jadi presiden, karena saya bukan orang jawa. siga aya rumus, yen presiden kudu orang jawa. nu sejen ngan kaci jadi wapres. cilakana, eta geus jadi cecekelan seler sejen, cara nu diucapkeun JK eta. ari pikeun kamajuan bangsa nagara mah, hadena mere oge kasempetan ka seler sejen pikeun jadi presiden. utamana kanu geus nembongkeun potensi jeung kapasitas. cara JK oge cenah lumayan. ongkoh soal seler mah, da dina UUD 1945 oge teu aya aturan eta, nu aya mah, soal orang indonesia asli, asana aya kecap beragama Islam. lain, ari presiden di urang mah, teu jadi inohong legendaris cara di amrik. paling nu asup itungan ka kelas legendaris teh ngan Bung Karno wungkul, da nu munggaran jeung nu merdekakeun RI. hanjakal presiden di urang, utamana nu beh ditu, sok rusak tungtungna. boh dirusak ku nu ngaganti atawa ku rakyat, nu ieu mah meureun sabab presidenna diktator atawa otoriter. teu nanaon lah otoriter oge, asal baleg we, demi ngamajukeun bangsa sadayana, lain golongan atawa parteyna. dina level gubernur, cara Ali Sadikin ngurus DKI baheula, loba tindakanana nu otoriter, malah cenah kungsi nampiling supir treuk sagala, da mawa treukna beurang, harita cenah aya larangan pikeun treuk asup jakarta beurang. tapi peta kitu ngahasilkeun kahadean pikeun jakarta, cenah. otoriter nu ayeuna oge, naekeun (wae) BBM. padahal cek UUD 45, asana aya kecap bumi dan air dan kekayaan alam yg terkandung di dalamnya, dikuasai negara dan dipakai untuk meningkatkan kesejahteraan rakyat. mj http://geocities. com/mangjamal http://mangjamal. multiply. com

