Manggih gambar ti multiply babaturan sakola. Jadi waas. Foto dua puluh taun katukang, asup sakola di bandung. Kudu panataran heula harita mah. Pedoman Penghayatan & Pengamalan Pancasila tea, paket 100 jam. Baju kudu saragam, bodas-boda make dasi hideung.
17 Agustus hareup rek reunian, enya, dina raraga 20 taun angkatan 1988. saangkatan harita, 70an urang-dibagi dua jurusan dalapan studio (program studi). Seni patung mah ngan saurang malah. di jalan mah, ΒΌ-na laleungitan. Aya nu maen ben (tukang nakol drum java jive), aya nu teu puguh, aya nu ngoprek we komputer (harita karek aya komputer nu make disket dos tea) nepi ka poho kuliah. Ayeuna nyebar, nu pangjauhna di nurnberg jerman, istri, nikah ka bule jerman. Nu mana si kuring? Nu make topi pet kotak2 hideung-biru.
<<image001.jpg>>

